Asam laktat
From Wikipedia, the free encyclopedia
Asam laktat (asam α-hidroksipropanoat) mangrupa sanyawa kimia nu boga peran penting dina sababaraha prosés biokimiawi.[rujukan?] Laktat nujul ka ékivalén ionikna. [rujukan?]
Artikel ieu teu boga rujukan sumber nu bisa dipercaya jadi eusina teu bisa divérifikasi. Pitulung ngabenerkeun artikel ieu kalawan nambihkeun rujukan nu bener. Artikel nu teu bisa divérifikasi bisa dihupus ku Kuncén. |
Asam laktat | |
---|---|
Ngaran kimia | 2-hydroxypropanoic acid |
Rumus kimia | C3H6O3 |
Massa molékulér | 90.08 g/mol |
Nomer CAS | [50-21-5] L: [79-33-4] D: [10326-41-7] D/L: [598-82-3] |
Titik leyur | L: 53 °C D: 53 °C D/L: 16.8 °C |
Titik golak | 122 °C @ 12 mmHg |
SMILES | CC(O)C(=O)O |
Bantahan jeung référénsi | |
Asam laktat mangrupa asam karboksilat nu rumus kimiana C3H6O3. Strukturna digambarkeun dina ngaran sistimatisna, asam 2-hidroksipropanoat. Dina leyuran, asam ieu bisa leungiteun proton tina gugus karboksi COOH, antukna jadi ion laktat CH3CHOHCOO-.[rujukan?]
Asam laktat (jeung laktat) boga dua isomér optik sabab atom karbon puseurna ngabeungkeut opat gugus nu béda. [rujukan?] Isomér nu kahiji disebut L(+)-asam laktat atawa (S)-asam laktat, sedengkeun nu kadua nyaéta D(-)-asam laktat atawa (R)-asam laktat.[rujukan?]
Nomer CAS asam laktat téh 50-21-5, sedengkeun pikeun ngabédakeun isomér optikna, urang bisa maké CAS 79-33-4 pikeun L-asam laktat jeung CAS 10326-41-7 pikeun D-asam laktat, sarta CAS 598-82-3 pikeun campuran nu dua éta (nu teu aktif optik).[rujukan?]