Ténis
From Wikipedia, the free encyclopedia
Ténis nyaéta salah sahiji olahraga kaulinan nu ngagunakeun rékét jeung bal ténis sarta dilakukeun ku dua urang (single) atawa opatan (double) di lapangan pasagi opat kalawan nét nu dipasang di tengah.[1] Kaulinan ténis bisa dilakukeun di jero rohangan (indoors) atawa di luar rohangan (outdoors).[1] Ieu kaulinan mangrupa salah sahiji kaulinan nu dipikaresep ku masarakat di sakuliah dunya sarta milu ilubiung dina kamekaran olahraga dunya.[1] Mimitina mah ieu kaulinan téh ngaranna lawn tenis atawa ténis nu dilakukeun dina lapangan nu aya jukutan minangka bébédaanana jeung ténis lapangan biasa.[1] Tapi tina éta hal dihasilkeun hiji kaulinan olahraga nu disebut ténis.[1]