Éfék ukuran
From Wikipedia, the free encyclopedia
Éfék ukuran ngajelaskeun sabaraha gedé hubungan antara dua variabel. Informasi ieu penting dina panalungtikan ilmiah. Efek size bisa dipaké henteu ngan sakadar keur ngayahokeun naha panalungtikan aya efekna tapi ogé ukuran masing-masing efek. Efek ukuran ogé ngabantu dina situasi praktis, upamana keur nyieun kaputusan.
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris. Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun. |
Contona, lamun mahluk jomantara turun ka dunya, sabaraha lila waktu nu diperlukeun keur ngayakinkeun yen, sacara rata-rata, lalaki leuwih jangkung ti awewe ? Jawabanna pakait jeung efek ukuran dina béda jangkung antara awewe jeung lalaki. Lamun efek ukuranna gedé, gampang keur nangtukeun yén lalaki leuwih jangkung. Lamun béda ukuranna leutik, mangka perlu waktu (sarta sampel nu leuwih loba) keur mastikeun yén lalaki, sacara rata-rata, leuwih jangkung tinimbang awewe.
Konsép efek ukuran mucunghul ogé dina basa sapopoe. Upamana, program keur ngurangan beurat awak nu ngabalukarkeun leungitna beurat 30 pon. Dina hal ieu, 30 pon nunjukkeun efek ukuran. Conto séjénna yén program ngajar nu dipiharep bakal ningkatkeun hiji niley mata pangajaran. Naek ieu tingkatan disebut ogé efek ukuran tina program.
Dina statistik inferensial, efek ukuran nyaéta ukuran bédana kayakinan statistik. Efek ukuran, nu digambarkeun ku N jeung nilai kritis alpa nangtukeun power dina tes hipotesa statistik. Dina meta-analysis, efek ukuran ilahar dipaké salaku ukuran nu bisa ngitung bédana panalungtikan sarta dikombinasikeun keur sakabéh kasus analisa.