Akar
From Wikipedia, the free encyclopedia
Akar nyaéta bagian tutuwuhan pikeun anu awakna geus mangrupa kormus.
Sipat-sipat akar:
- mangrupa bagian tutuwuhan anu biasana aya dina jero taneuh, sarta tumuwuhna nuju ka puseur bumi (géotrop) atawa nuju ka cai (hidrotrop), ninggalkeun hawa jeung cahaya.
- henteu ruruasan sarta henteu ngandung daun atawa sisit atawa bagian-bagian lainna.
- warna henteu héjo, biasana semu bodas atawa semu konéng.
- tumuwuh terus tapi ilaharna tumuwuhna masih éléh gancang lamun dibandingkeun jeung bagian nu aya di beungeut taneuh.
- bangun tungtungna remen ogé méncos, sahingga leuwih gampang pikeun nembus taneuh.
Guna akar pikeun tutuwuhan:
- nguatkeun nangtungna tutuwuhan.
- pikeun nyerep cai sarta zat-zat kadaharan anu puyar dina jero cai dina taneuh.
- ngunjalan cai sarta zat-zat kadaharan anu geus diserep ka tempat-tempat dina awak tutuwuhan anu merlukeunana.
- sakapeung minangka tempat paragi numpukeun kadaharan.