Al A'la
From Wikipedia, the free encyclopedia
Surat Al `Ala (Basa Arab:الْأعلى) nyaéta surat ka 87 dina Al Qur'an. Surat ieu kagolongkeun kana surat makiyyah anu diwangun ku 19 ayat. Dingaranan Al `Ala anu hartina Nu Maha Luhung dicokot tina kecap al `Alaa anu aya dina ayat kahiji surat ieu. Muslim r. a. ngariwayatkeun dina kitab Al Jumu'ah, sarta diriwayatkeun ogé ku Ashhaabus Sunan, ti Nu'man ibnu Basyir yén Rosululloh s.a.w. dina solat dua poé raya (Fitri jeung Adha) sarta solat Jumaah maca surat Al `Ala dina rokaat kahiji, sarta surat Al Ghosyiyah dina rokaat kadua.