![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/3/37/Iqra.jpg/640px-Iqra.jpg&w=640&q=50)
Al 'Alaq
From Wikipedia, the free encyclopedia
Surah Al 'Alaq (basa Arab:العلق, "Sagumpal Getih") nyaéta surah ka-96 dina al Qur'an. Surah ieu diwangun ku 19 ayat sarta kaasup golongan surah-surah Makkiyah. Ayat 1 nepi ka 5 ti surah ieu téh ayat-ayat Al Quran anu munggaran diturunkeun, nyaéta waktu Nabi Muhammad nyepi di guha Hiro. Surah ieu dingaranan Al 'Alaq (sagumpal getih), dicokot tina kecap "Alaq" anu aya dina ayat ka-2 surat ieu. Surat ieu dingaranan ogé Iqro atawa Al Qolam.