Al 'Asri
From Wikipedia, the free encyclopedia
Surat Al Asri nyaéta surat ka-103 dina Al Qur'an. Surat ieu digolongkeun surat makkiyah sarta diwangun ku 3 ayat. Kecap Al Asri atawa Al 'Ashr hartina téh waktu/mangsa sarta dicokot tina ayat kahiji ieu surat. Eusi surat ngagambarkeun yén saéstuna kabéh manusa aya dina kaayaan rugi kajaba jalma-jalma anu sok ngalakonan amal soléh, silih naséhatan dina bebeneran sarta kasabaran.