Al Balad
From Wikipedia, the free encyclopedia
Surat Al Balad (basa Arab: البلد) nyaéta surat ka-90 dina al Qur'an. Surat ieu kagolongkeun surat Makkiyah anu diwangun ku 20 ayat. Dingaranan "Al Balad" anu hartina Nagri dicokot tina kecap "al balad" anu aya dina ayat kahiji surat ieu. Anu dimaksud ku dayeuh dina ayat ieu nyaéta dayeuh Mekah.