Al Kautsar
From Wikipedia, the free encyclopedia
Surat Al Kautsar nyaéta surah ka-108 dina Al Qur'an. Surat ieu kaasup surat makiyyah sarta diwangun ku 3 ayat. Kecap Al Kautsar sorangan boga harti nikmat anu réa sarta dicokot tina ayat kahiji ieu surat. Poko eusi surat ieu nyaéta paréntah ngalaksanakeun solat sarta ngalakonan ibadah kurban alatan Alloh maparin réa kanikmatan pikeun jalma anu ariman sedengkeun jalma-lalma nu mikangéwa kaum nu ariman baris kapegatkeun.