Qur'an
From Wikipedia, the free encyclopedia
Al Qur'ān [1] (basa Arab: القرآن al-qurʼān, sacara harfiah hartina "bacaan"; disebut ogé al-qurʼān al-karīm "Al Qur'an nu Mulya"; ogé ditransliterasikeun minangka Quran, Koran (istilah tradisional di Inggris), jeung Al-Quran), nyaéta téks rélijius séntral dina ajaran Islam. Muslim percaya yén Al Qur'an mangrupa kecap harfiah ti Gusti (basa Arab Allah) nu diwahyukeun ka Nabi Muhammad ﷺ, salila 22 taun, 2 bulan 22 poé ngaliwatan perantara malaikat Jibril sarta mangrupa wahyu pamungkas ti Gusti Allah pikeun umat manusa. Qur'an nyaritakeun kajadian-kajadian picontoeun dina sajarah manusa, utamana ngeunaan para nabi saméméh Muhammad kayaning Nuh, Adam, Ibrahim, Musa, Isa, jeung nu séjénna.
Artikel ieu salasahiji tina séri Islam |
Istilah-istilah Islam |
Rukun Islam |
Sahadat |
Solat – Saum |
Zakat – Haji |
Kota Penting |
Mekah – Madinah |
Yerusalem – Kufah |
Kajadian |
Hijrah – Kalénder Islam – Idul Fitri |
Idul Adha – Maulid |
Wangunan |
Masjid – Munara |
Mihrob – Ka'bah |
Arsitéktur Islam |
Rujukan Ajaran |
Qur'an – Hadits – Sunnah |
Fiqih – Fatwa – Syari'ah |
Madhab |
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i |
Muslim ogé nyebut Al Qur'an minangka "Wasiat Pamungkas", "Kitab", "Kitab Gusti Allah" sarta "Wahyu."