Bénin
From Wikipedia, the free encyclopedia
Bénin (baheulana, Dahomey), resmina Républik Bénin, nyaéta hiji nagara di Afrika Kulon. Nagara ieu tepung wates jeung Togo di kulon, Nigeria di wétan, jeung Burkina Faso sarta Niger di kalér. Garis basisir kidulna dina Teluk Bénin di mana kalobaannana populasi aya.[4] Ibu kota Bénin nyaéta Porto-Novo, tapi kadudukan pamaréntahanna aya di Cotonou. Bénin miboga aréa kira-kira 110.000 kilométer pasagi (42.000 mil pasagi), kalawan jumlah populasi kira-kira 9,05 yuta. Bénin mangrupa hiji nagara tropis, sub-Sahara, loba gumantung kana tatanén, kalawan panggawéan nu loba jeung pamasukan ti tatanén napkah.[5]
République du Bénin Orílẹ̀-édé Olómìnira ilẹ̀ Benin Républik Bénin |
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
Motto "Fraternité, Justice, Travail" "Saduduluran, Kaadilan, Gawé" |
||||||
Lagu L'Aube Nouvelle Lahirna Dinten Anyar |
||||||
Lokasi Bénin (paul kolot) – di Afrika (paul & kulawu kolot) |
||||||
Ibu kota | Porto-Novo1 6°28′N 2°36′E | |||||
Kota panggedéna | Cotonou | |||||
Basa resmi | Perancis | |||||
Démonim | Beninese; Beninois | |||||
Pamaréntah | Démokrasi multipartéy | |||||
- | Présidén | Patrice Talon | ||||
- | Prime Minister | vacant | ||||
Kamerdikaan | ||||||
- | ti Perancis | 1 Agustus 1960 | ||||
Aréa | ||||||
- | Total | 112.622 km² (ka-101) 43.484 mil² |
||||
- | Cai (%) | 0,02% | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan 2009 | 8.791.832[1] (ka-89) | ||||
- | Sénsus 2002 | 8.500.500 | ||||
- | Kapadetan | 78,1 /km² (ka-120) 202,2 /mil² |
||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2010 | |||||
- | Total | $13,993 milyar[2] | ||||
- | Per kapita | $1.451[2] | ||||
GDP (nominal) | Perkiraan 2010 | |||||
- | Total | $6,649 milyar[2] | ||||
- | Per kapita | $689[2] | ||||
Gini? (2003) | 36,5[3] (sedeng) | |||||
HDI (2007) | 0,492 (handap) (ka-161) | |||||
Mata uang | Franc CFA Afrika Kulon (XOF ) |
|||||
Zona wanci | WAT (UTC+1) | |||||
- | Usum panas (DST) | teu kaobsérvasi (UTC+1) | ||||
TLD Internét | .bj | |||||
Kode telepon | +229 | |||||
1 | Cotonou mangrupa kadudukan pamaréntahan. | |||||
2 | Pakiraan pikeun nagara ieu kuduna mah diperhatoskeun ogé kana lobana nu pupus akibat AIDS; hal ieu bisa nyababkeun ajén harepan hirup nu leuwih saeutik, tingkat pupusna orok jeung jalmi nu leuwih luhur, populasi jeung kamekaran populasi nu leuwih handap, jeung robihna panyebaran populasi dumasar umur jeung lalaki/awéwé tinimbang nu dikira. |
Basa resmi Bénin nyaéta Basa Perancis, tatapi, basa pribumi kawas Fon jeung Yoruba ilahar dipaké. Grup ageman nu panggedéna di Bénin nyaéta Katolik Roma, dipiluan ku Islam, Vodun, jeung Protéstan.