Biruang
From Wikipedia, the free encyclopedia
Biruang téh ngaran sato mamalia gedé ti kulawarga Ursidae, ordo Karnivora. Ciri utama biruang, di antarana buntut nu pondok, pangrungu jeung pangambeu nu seukeut, kuku/cakar nu sareukeut dina unggal ramo sukuna, sarta bulu di sakujur awakna nu kandel.
Fakta Singget Biruang Temporal range: Miosin Awal - Kiwari, Klasifikasi ilmiah ...
Tutup
Awak biruang kaitung gedé. Ciri penting lianna nyaéta kabisana nangtung maké dua suku tukang, sungutna monyong, sarta ceuli nu buleud.