Bispénol A
From Wikipedia, the free encyclopedia
Bispénol A (BPA) nyaéta sanyawa kimia anu utamana dipaké dina manupaktur rupa-rupa plastik. Wangunna padetan tanpa warna anu leyur dina kalolobaan pelarut organik, sabalikna dina cai.[2][6] BPA diproduksi dina skala industri ku kondénsasi pénol jeung aseton, anu produksi skala globalna ngahontal 10 juta ton taun 2022.[7]
Wasta | |
---|---|
Wasta IUPAC dipréférénsi
4,4′-(Propana-2,2-diil)dipénol | |
Wasta lian
| |
Pananda | |
Nomer CAS |
|
Modél 3D (JSmol) |
|
ChEBI | |
ChEMBL | |
ChemSpider |
|
DrugBank |
|
ECHA InfoCard | 100.001.133 |
Nomer EC | 201-245-8 |
IUPHAR/BPS |
|
KEGG |
|
PubChem CID |
|
UNII | |
Nomer UN | 2924 2430 |
CompTox Dashboard (EPA) |
|
InChI
| |
SMILES
| |
Sipat | |
Rumus kimia |
C15H16O2 |
Massa molar | 228291 g·mol−1 |
Panampilan | padetan bodas |
Bau | Pénolik, médis |
Dénsitas | 1.20 g/cm3 |
Titik lebur | 155 °C (311 °F; 428 K)[1] |
Titik golak | 250–252 °C (482–486 °F; 523–525 K)[1] at 13 torrs (0.017 atm) |
Kelarutan dina cai |
0.3 g/L (25 °C)[2] |
log P | 3.41[3] |
Tekanan uap | 5×10−6 Pa (25 °C)[4] |
Baya[5] | |
Piktogram GHS | |
Kecap sinyal GHS | Bahya |
Kalimah baya GHS |
H317, H318, H335, H360, H411[5] |
Kalimah panyegah GHS |
P201, P202, P261, P273, P302+P352, P304+P340, P305+P351+P338, P308+P313, P333+P313, P363, P403+P233[5] |
NFPA 704 |
1
2
0 |
Titik hurung | 227 °C (441 °F; 500 K)[5] |
Suhu autoignisi |
510 °C (950 °F; 783 K)[5] |
Iwal disebutkeun séjén, data nu dipidangkeun keur matéri dina kaayaan baku (dina 25 °C, 100 kPa). | |
Y verifikasi (naon ieu YN ?) | |
Rujukan kotak info | |
BPA panglobana dipaké salaku ko-monomér dina produksi polikarbonat, anu ngawengku 65-70% ti sakabéh produksi BPA.[8][9], manupaktur résin époxi jeung résin pinil éster 25-30%-na.[8][9] Sésana 5% dipaké kana plastik kinerja luhur sarta aditip minor dina PVC, poliurétan, kertas termal, jeung sababaraha lianna. BPA lain plastisizer,[10] najan mindeng disebut kitu.
Pangaruh BPA kana kaséhatan geus lila jadi bahan hoghag.[11][12][13] BPA téh xénoéstrogén, boga pasipatan mirip-hormone anu nyarupakeun pangaruh éstrogén kana awak.[14] Najan pangaruhna lemah pisan, pamakéan bahan anu ngandung BPA jadi pikamelangeun, pangpangna anu dipaké pikeun dahareun,[15][16] pakéan,[17] nota balanja,[18] jeung pangeusi huntu.[19] BPA geus loba dipariksa ku badan-badan kaséhatan di loba nagara, kaasup ku WHO.[11] Sanajan paparan normal handapeun kadar risiko, sababaraha nagara geus ngawatesan leuwih ketat, pangpangna nyaram BPA dina botol kadaharan/inuman orok. Aya bukti yén paparan BPA ka orok geus nyirorot ku panyaram ieu.[20] Plastik tan-BPA geus mimiti dipaké, diganti ku bispénol séjén kayaning bispénol S jeung bispénol F, ngan angger aya nu teu yakin naha bener ieu leuwih aman atawa henteu.[21]