From Wikipedia, the free encyclopedia
Biul jawa (Melogale orientalis) nyaéta hiji Mustelidae éndemik Pulo Jawa jeung Bali, Indonésia.[2] Statusna Least Concern dina Daptar Beureum IUCN, hirupna di wewengkon luhurna 260-2230 m atawa deukeut leuweung.[1]
Biul jawa | |
---|---|
Status konservasi | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | Animalia |
Filum: | Chordata |
Kelas: | Mammalia |
Ordo: | Carnivora |
Kulawarga: | Mustelidae |
Génus: | Melogale |
Spésiés: | M. orientalis |
Ngaran binomial | |
Melogale orientalis Blanford, 1888 | |
Sebaran biul jawa | |
Sinonim | |
Melogale personata ssp. orientalis Blanford, 1888 |
Biul jawa anu geus sawawa beuratna 1-2 kg, panjang awakna 35-40 cm, buntutna 14,5-17 cm. Huluna leutik, méncos, kumisna panjang, panonna badag. Awakna depa, buluna lemes semu coklat, dina sababaraha bagian semu hawuk. Bagian tukang hulu jeung tikorona kelir coklat leuwih kolot, aya tanda bodas dina beungeut, beuheung, tikoro, dada, jeung beuteungna.[3]
Biul jawa éndemik pulo Jawa jeung Bali di Indonésia. Sebaran pastina can kanyahoan, tapi kapanggih di wewengkon anu luhur/pagunungan. Laporan ti Bali nyebutkeun tapakna kapanggih di leuweung anu luhurna 1.180 m. Di Jawa aya dua subspésiés, M. o. orientalis di wewengkon wétan jeung M. o. sundaicus di wewengkon kulon. Hirupna di leuweung primér, anapon di Bali kacatet hirup di leuweung sekundér jeung kebon karét teu jauh ti padumukan manusa.[1]
Najan Pulo Jawa geus loba dibabakan ku manusa nepi ka leuweung primérna geus bacacar jeung méh béak, sigana biul jawa bisa nyaluyukeun manéh hirup di leuweung sekundér jeung pakebonan. Di Pasundan, anu kungsi kapanggih di Taman Nasional Gunung Halimun Salak jeung Gedé Pangrango.[1]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.