Dénmark
From Wikipedia, the free encyclopedia
Karajaan Dénmark (basa Dénmark: Kongeriget Danmark) mangrupa nagara Nordik nu pangleutikna jeung pangkidulna. Nagara ieu aya di Skandinavia, Éropa Kalér, tapi euweuh dina samenanjung Skandinavia. Nagara ieu kaasup anggota Uni Éropa.
Kongeriget Danmark Karajaan Dénmark |
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
Motto — (Motto karajaan: Guds hjælp, Folkets kærlighed, Danmarks styrke "Bantosan Gusti, Cinta Rahayat, Kakiatan Dénmark") |
||||||
Lagu Der er et yndigt land (nasional) Lagu Karajaan Kong Kristian stod ved højen mast (karajaan jeung nasional) |
||||||
Ibu kota | Kopenhagen 55°43′N 12°34′E | |||||
Kota panggedéna | ibu kota | |||||
Basa resmi | Dénmark 2 | |||||
Grup étnis | 90.1% Dénmark 9.9% nu séjén (2010)[1] |
|||||
Pamaréntah | Démokrasi parleménter jeung Monarki konstitusional | |||||
- | Raja | Frederik X | ||||
- | Perdana Menteri | Mette Frederiksen | ||||
Konsolidasi | abad ka-8 | |||||
Asup ka Uni Éropa |
1 Januari 1973 (7th) | |||||
Aréa | ||||||
- | Total | 43.098,31 km² (ka-1342) 16.640 mil² |
||||
- | Cai (%) | 1,642 | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan 1 April 2010 | 5.540.241 (ka-108) | ||||
- | Kapadetan | 127,9 /km² (ka-782) 331,2 /mil² |
||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2009 | |||||
- | Total | $197,058 milyar[2] | ||||
- | Per kapita | US$35.757[2] | ||||
GDP (nominal) | Perkiraan 2009 | |||||
- | Total | US$309,252 milyar[2] | ||||
- | Per kapita | US$56.115[2] | ||||
Gini? (2009) | 24,7 (handap) (réngking 1) | |||||
HDI (2007) | 0,955[3] (luhur pisan) (ka-16) | |||||
Mata uang | Krone (DKK ) |
|||||
Zona wanci | CET² (UTC+1) | |||||
- | Usum panas (DST) | CEST² (UTC+2) | ||||
TLD Internét | .dk2,3 | |||||
Kode telepon | +454 | |||||
1 Basa Faroe mangrupa basa resmi di Kapuloan Faroe jeung Basa Kalaallisut mangrupa basa resmi di Greenland. Basa Jérman mangrupa basa minoritas nu dilindungan di Jutlandia Kidul (Sønderjylland) di Dénmark. Ogé Basa Dénmark mangrupa basa minoritas nu dilindungan di Schleswig-Holstein di Jérman. ² Ku sabab Dénmark heunteu ngasupkeun Kapuloan Faroe jeung Greenland. ³ TLD (Top Level Domain) .eu piboga sasama nagara-nagara Uni Éropa. 4 Kapuloan Faroe ngagunakeun +298, upami Greenland ngagunakeun +299. |
Dénmark tepung wates jeung Laut Baltik jeung Laut Kalér. Wewengkonna kaasup hiji samenanjung di Jérman kalér nu ngaranna Jylland (Jutlandia), Kapuloan Fyn (Funen), Sjælland (Zéaland), Vendsyssel-Thy, Lolland, Falster, Bornholm, jeung ratusan pulo leutik, nu mindeng disebut kapuloan Dénmark. Saméméh Terusan Kiel dikali, jalan laut ka Laut Baltik ngan bisa liwat tilu Selat Dénmark.
Nagara ieu ngagunakeun monarki konstitusional jeung sistem pamaréntahan parleménter. Dénmark boga hiji pamaréntah pusat jeung 98 munisipalitas minangka pamaréntah wewengkon. Dénmark geus jadi anggota Uni Éropa ti 1973, tapi nepi ka ayeuna masih kénéh teu gabung kana Eurozone. Dénmark mangrupa salha sahiji pawangun NATO jeung OECD. Dénmark ogé hiji anggota OSCE.
Basa resmina, Basa Dénmark, sarumpun jeung Basa Swédia jeung Basa Norwégia, lantaran basa-basa éta miboga kakaitan sajarah jeung budaya nu kiat. 82% ti populasi Dénmark jeung 90.3% séké Dénmark pangagem garéja Lutheran. Dina taun 2010, 548.000 urang (9.9% populasi Dénmark) mangrupa imigran atawa katurunanna. Mayoritasna (54%) asalna ti Skandinavia atawa bagian Éropa nu séjén, sésana asalna ti nagara-nagara di Asia jeung Afrika.
Greenland jeung Kapuloan Faroe mangrupa wewengkon ti karajaan Dénmark, tapi aya kakawasaan politikna sorangan.