Suku (biologi)
From Wikipedia, the free encyclopedia
Suku (Lat.: familia, jama familiae) dina klasifikasi ilmiah nyaéta hiji takson nu aya antara ordo jeung génus, mangrupa taksonomi nu di jerona ngawengku sawatara génus nu sacara filogénétis kapisahkeun tina familia lianna. Diindonesiakeun ieu takson nyaéta jadi sélér (dipaké dina loba pustaka ilmiah), famili, atwa kulawarga. Hiji familia bisa kabagi jadi sawatara subfamilia, nyéta takson tengah nu ayana di luhureun génus. Dina pamakéan ngaran umum, hiji familia bisa dingaranan sarua njeung ngaran salah sahiji anggotana nu maneuh dipikanyaho.
Sagalaning nu kaasup atawa teu kaasup kana hiji familia atawa nalika hiji familia diaku nyorangan diusulkeun sarta ditetepkeun ku para taksonomis. Taya aturan baku dina ngagambarkeun atawa ngémbarkeun hiji familia, atawa deuih takson lianna. Para taksonomis meuren aya dina posisi nu béda ngeunaan déskripsi hiji takson sarta meureun taya konsénsus nu katampa kalawan di kalang komunitas ilmiah salila sawatara waktu. Salila taya konsénsus mah data jeung kedalan-kedalan anyar bakal tuluy dideudeul nu ngamumkinkeun ayana panyaluyuan-panyaluyuan.