Indonésia Raya
From Wikipedia, the free encyclopedia
Indonésia Raya nyaéta lagu kabangsaan nagara Indonésia. Indonésia Raya didangukeun dina wanci kahijina ku komponis, Wage Rudolf Supratman, dina tanggal 28 Oktober 1928 basa Kongres Pemuda di Batavia (ayeuna Jakarta). Indonesia Raya jadi awal lahirna pergerakan nasional di Indonésia.
Fakta Singget Rumpaka, Musik ...
Salasahiji ti 2 citakan asli nu kawanoh salaku "Indonesia Raya" dina mingguan Tionghoa Sin Po kaping 10 Nopémber 1928. | |
Lagu kabangsaan Nasional Indonésia | |
Rumpaka | Wage Rudolf Supratman, 1924 |
---|---|
Musik | Wage Rudolf Supratman, 1924 |
Diadopsi | 17 Agustus 1945 |
Sémpel musik | |
Tutup
Lagu Indonésia Raya dipilih jadi lagu kabangsaan basa Proklamasi Kamerdékaan Indonésia dina kaping 17 Agustus 1945.
Jos Cleber nyusun lagu ieu dina philharmonic orchestra taunn 1950.