Citak Injéksi
From Wikipedia, the free encyclopedia
plastikmesinCitak Injéksi (injection molding) nyaéta hiji cara anu dipaké pikeun nyieun barang kabutuhan.[1] Utamana tina bahan termoplastik anu bahanna dilééhkeun heula dina tabung (barrel) tuluy waé disuntikkeun maké tekenan anu kawilang kuat kana jeroun citakan (mold).[2] Ku lantaran citakanna tiis, ieu plastik anu lééh tadi lalaunan ngabagel dina jeroeun citakan, tuluy citakana muka katémbong waé éta plastik anu geus teuas ngawujud sarua jeung citakana.[1]
Injection molding bisa dilakukeun ku rupa-rupa bahan sanajan dina kaumumana maké bahan plastik ogé bisa ngagunakeun sababaraha bahan umpamana, logam, gelas, elastomer, permén jeung anu séjéna. [3][4][5]