From Wikipedia, the free encyclopedia
Jangkrik, famili Gryllidae, mangrupa serangga nu bisa disada, mirip simeut jeung cihcir (ordo Orthoptera), tapi awakna rada depé sarta boga anténeu panjang.
Jangkrik | |
---|---|
Jangkrik | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | |
Kelas: | |
Ordo: | Orthoptera |
Subordo: | Ensifera |
Superfamili: | Grylloidea |
Kulawarga: | Gryllidae Bolívar, 1878 |
Subfamili | |
Aos téks |
Jangkrik kawentar ku sora stridulasina (ukur nu jalu), nu disada ku cara ngagésékkeun jangjang atawa sukuna, antukna sora nu kaluar téh béda pikeun masing-masing spésiés. Aya dua tipeu sora jangkrik: sora panggero jeung sora pangolo. Sora panggero anu tarik ditujukeun pikeun ngirut bikang sarta ngusir jalu nu séjén, sedengkeun sora pangolo nu alon mah dipaké mun bikangna geus deukeut. Jangkrik bikang boga organ paneundeun endog (ovipositor) nu bentukna kawas jarum. Ciri fisik séjénna nu ngabédakeun antara nu jalu jeung nu bikang, nyaéta ayana batik dina jangjang luar jangkrik jalu (umumna), sedengkeun nu bikang mah ukur garis-garis nuturkeun "tulang" jangjangna.
Sora 'krik-krikan' jangkrik téh gumantung ka spésiés jeung hawa lingkunganana. Ilaharna, sora jangkrik bakal leuwih tarik mun hawa leuwih panas (kira 60 'krik' per menit dina 13 °C). Hubungan antara hawa jeung lobana 'krik-krikan' katelah salaku Hukum Dolbear.
Nu geus kanyahoan, di sakuliah dunya téh jangkrik kabagi kana kira 900 spésiés. Ngarah teu pahili jeung simeut, perlu diinget yén jangkrik mah liar peuting, béda jeung simeut nu liar beurang.
Taun 1970, William H. Cade manggihan yén parasit laleur Tachinidae Ormia ochracea ogé katarik ku sora jangkrik jalu, kalawan maksud pikeun melakkeun anakna dina awak jangkrik jalu.
Di Asia, jangkrik sok dikukut, boh nuturkeun kapercayaan (utamana di Cina), atawa ukur kalangenan. Di daérah judi, misalna Makau, jangkrik ogé sok diadukeun.
Pikeun nu miara manuk, jangkrik ogé sok dikukut pikeun parab.
Di Tatar Sunda, aya sababaraha spésiés jangkrik anu dipikawanoh, tapi rujukan nu nyebutkeun klasifikasina can kapanggih:
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.