Kénya
From Wikipedia, the free encyclopedia
Kénya, resmina Républik Kénya, nyaéta hiji nagara di Afrika Wétan nu diliwatan ku khatulistiwa, kalawan Samudra Hindia ka kidul-wétanna. Nagara ieu tepung wates jeung Tanzania di kidul, Uganda di kulon, Sudan Kidul di kalér-kulon, Étiopia di kalér, sarta Somalia di kalér-wétan.
Jamhuri ya Kenya Republic of Kenya Républik Kénya |
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
Motto "Harambee" |
||||||
Lagu Ee Mungu Nguvu Yetu |
||||||
Ibu kota (jeung kota panggedéna) | Nairobi 1°16′S 36°48′E | |||||
Basa resmi | Basa Swahili, Basa Inggris[1] | |||||
Démonim | Kénya | |||||
Pamaréntah | Républik semi-présidénsial | |||||
- | President | Mwai Kibaki | ||||
- | Wakil Présidén | Kalonzo Musyoka | ||||
- | Perdana Mentri | Raila Odinga | ||||
Kamerdikaan | ||||||
- | ti Britania Raya | 12 Désémber 1963 | ||||
- | Républik didéklarasikeun | 12 Désémber 1964 | ||||
Aréa | ||||||
- | Total | 580.367 km² (ka-47) 224.080 mil² |
||||
- | Cai (%) | 2,3 | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan 2011 | 41.070.934[2] (ka-33) | ||||
- | Sénsus 2009 | 38.610.097[3] | ||||
- | Kapadetan | 67,2 /km² (ka-140) 174,1 /mil² |
||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2011 | |||||
- | Total | $70,573 milyar[4] | ||||
- | Per kapita | $1.725[4] | ||||
GDP (nominal) | Perkiraan 2011 | |||||
- | Total | $35,787 milyar[4] | ||||
- | Per kapita | $875[4] | ||||
Gini? (2008) | 42,5 (sedeng) (ka-48) | |||||
HDI (2011) | 0,509[5] (handap) (ka-143) | |||||
Mata uang | Shilling Kénya (KES ) |
|||||
Zona wanci | EAT (UTC+3) | |||||
- | Usum panas (DST) | teu kaobsérvasi (UTC+3) | ||||
TLD Internét | .ke | |||||
Kode telepon | ++254 | |||||
1. Dumasar kana cia.gov, pakiraan pikeun nagara ieu kalawan tegas kedah diperhatoskeun pangaruh AIDS; hal ieu bisa ngasilkeun harepan hirup nu leuwih leutik, tingkat maotna orok jeung jalma nu leuwih luhur, populasi jeung pamekaran jumlahana nu leuwih leutik, jeung ngarobihna pangumpulan populasi dina yuswa jeung lalaki/awéwé, nu bisa di luar nu dikira.[2] |
Kenya miboga aréa kira-kira 580.000 km2 jeung jumlah populasi ampir 41 yuta,[6] ngawakilan 42 kelompok urang jeung budaya nu bébéda.[7] Nagara ieu dingaranan dumasar kana Gunung Kénya.
Mimiluan hiji réferéndum jeung dipakéna konstitusi nu anyar dina Agustus 2010, Kénya ayeuna dibagi kana 47 county anu mangrupa unit pamaréntahan semi-otonom. Unit-unit ieu dipiharep dilaksanakeun sacara pinuh ti Agustus 2012 – nalika pamilu kahijia dina konstitusi nu anyar. County-county-na bakal diluluguan ku hiji gubernur kapilih.
Géografi nagara ieu rupa-rupa saperti populasina. Nagara ieu miboga iklim nu haneut jeung beueus di sapanjang basisirna kana Samudra Hindia nu ngarobah ka padang jukut savana kalawan raloba margasatwa sajalan anjeun mapay ka lebet nagara ieu ka ibu kotana, Nairobi. Nairobi miboga iklim nu tiis anu jadi leuwih tiis ngadeukeut ka Gunung Kénya nu miboga tilu puncak nu terus saljuan. Iklim tropis haneut jeung beueus muncul leuwih jauh ke lebet nuju ka Dano Victoria, saméméh lalampahan ka wewengkon iklim sedeng leuweungan jeung papasiran di kulon. Wewengkon Kalér Wétan sapanjang wates di Somalia jeung Étiopia keusik jeung rada keusik kalawan lanskap deukeut sagara. Nagara ieu ogé miboga aktivitas géotérmal nu ngasilkeun raloba tanaga listrik nasional.
Ibu kota Kénya, Nairobi, aya di sabeulah hiji taman nasional. Nagara ieu katelah ti safari jeung suaka margasatwana saperti Taman Nasional Tsavo , Maasai Mara, Taman Nasional Nakuru, jeung Taman Nasional Aberdares.
Dano Victoria, dano cai tawar nu panggedéna kadua di dunya (sanggeus Dano Superior di Amérika Kalér), aya di beulah kidul-kulon sarta dibagi ogé bareng Uganda jeung Tanzania.
Salaku bagian ti Afrika Wétan, Kénya geus didumukan ku manusa ti période Paléolitik Handap. Palegaan Bantu nepi ka wewengkon ieu dina milénium kahiji Maséhi, jeung wates ti nagara kiwari ngawengku pasimpangan wewengkon basa-basa Bantu, basa Nilo-Sahara, jeung basa Afro-Asia, nyieun Kénya hiji nagara multi-étnis sajati. Hadirna Éropa jeung Arab di Mombasa ngarujuk kana période Modérn awal, tapi panjelajahan Éropa ti bagian jerona mimiti dina abad ka-19. Kakaisaran Britania ngadegeun Protéktorat Afrika Wétan dina 1895, disebut ti 1920 salaku Koloni Kénya. Républik Kénya merdika diwangun dina Désémber 1963.
Kénya mangrupa anggota Komunitas Afrika Wétan jeung ngahasilkeun atlét kelas dunya saperti juara dunya Paul Tergat jeung David Rudisha.