Kabupatén Bogor
kabupatèn di Indonésia / From Wikipedia, the free encyclopedia
Kabupatén Bogor (aksara Sunda: ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮘᮧᮌᮧᮁ) mangrupa salah sahiji Kabupatén di Propinsi Jawa Barat, Indonésia. Puseur dayeuhna nyaéta Cibinong. Kabupatén ieu diwatesan ku Kabupatén Tangerang (Banten), Kota Dépok, Kota Bekasi, jeung Kabupatén Bekasi di beulah kalér; Kabupatén Karawang di beulah wétan, Kabupatén Cianjur jeung Kabupatén Sukabumi di beulah kidul, sarta Kabupatén Lebak (Bantén) di beulah kuloneunana. Kabupatén Bogor kawengku ku 40 kacamatan, nu dibagi deui ku désa jeung kalurahan.
Artikel ieu teu boga rujukan sumber nu bisa dipercaya jadi eusina teu bisa divérifikasi. Pitulung ngabenerkeun artikel ieu kalawan nambihkeun rujukan nu bener. Artikel nu teu bisa divérifikasi bisa dihupus ku Kuncén. |
- Pikeun artikel kota nu ngaranna sarua, tempo Kota Bogor.
Jawa Jawa Kulon | |
Puseur Dayeuh | Cibinong |
Lega Wilayah | 298.939,30 Ha |
Kordinat | 6018' 6047'10" LS jeung 106023'45"-107013'30" BT |
Pangeusi · Jumlah · Kapadetan | 4.771.932 jalma(2010) 2.303,93 jiwa/km² |
Démografi · Séké Sélér | Sunda, Melayu Batawi, Jawa, Batak, Palémbang jeung Padang (ditilik tina lobana jumlah pendatang) |
Agama | Islam (97,76%), Katolik (0,60%), Protéstan (1,08%), Hindu (0,05), Buddha (0,33%), Kong Hu Chu (0,16%), sejena (0,02%) |
Basa | Sunda (sakabéh kecamatan di Kabupatén Bogor), Indonésia (Kecamatan Cileungsi, Kecamatan Gunung Putri, Kecamatan Cibinong, Kecamatan Jonggol jeung Kecamatan Cariu) |
Administratif · Kacamatan · Désa/kal | 40 411 désa, 17 kalurahan |
Dasar hukum | Peraturan Pemerintah Nomor 6 Tahun 1982 |
Milangkala | 3 Juni 1482 |
Bupati | Hj. Nurhayanti, S.H., M.M., M.Si. |
Zona Waktu Kode telepon | WIB 021 jeung 0251 |
DAU | Rp. 1.887.770.112.500.-(2013) |
Tutuwuhan Idéntitas Sato Idéntitas | Tangkal Kemang Monyét Surili |
Situs web resmi: http://www.kabupaten-bogor.go.id |
Nilik tina wilayahna, Kabupatén ngawengku ogé Kota Bogor nu perenahna di tengah Kabupatén Bogor. Sedengkeun belah kidul aya Kota Dépok nu harita asup kénéh Kabupatén Bogor minangka kota kacamatan. Dina tanggal 15 April 1991 ngaliwatan kaputusan pamaréntah Dépok ditingkatkeun statusna jadi kota administratif, Kota Dépok sacara resmi misah ti Kabupatén Bogor.
Kabupatén Bogor minangka kawasan pangrojong pangwangunan DKI Jakarta.