From Wikipedia, the free encyclopedia
Kamasan nyaéta tukang nyieun pakakas jeung perhiasan tina emas sarta logam mulia liana. Dumasar kana sajarahna, kamasan ogé nyieun barang tina pérak, piring, gelas, pakakas hiasan, katut barang nu dipaké keur kariaan atawa ageman, tapi naékna harga logam mulia nyababkeun turunna jumlah barang nu dijieun.
Kamasan kudu parigel dina ngawangun logam ku cara ngikir, matri, ngaragaji, neupa, nyitak, jeung ngagosok logam. Sacara tradisional, ieu kaparigelan bisa beunang ku cara magang, tapi kiwari mah sakola seni perhiasan ogé ngajarkeun kamasan jeung katerampilan lianna. Loba universitas katut akademi nu nawarkeun cara ngamasan jeung nyieun seni logam minangka bagéan tina kurikulum senina.
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.