Kota Sérang
kota di propinsi Banten, Indonésia / From Wikipedia, the free encyclopedia
Kota Sérang nyaéta hiji kota sakaligus ibu kota Propinsi Banten, Indonésia. Sacara administratip Kota Sérang kawates ku Kabupaten Sérang di belah kulon, wétan, jeung kidul, sarta Teluk Banten di belah kalér. Kota Sérang ieu diliwatan ku jalur karéta api Merak-Tanah Abang ogé Jalan Tol Jakarta-Merak. Kota ieu aya di titik koordinat 618.000 m2-638.600 m2 ti kulon ka wétan tepika 9.337.725 m2-9.312.475 m2 ti kalér ka kidul sarta 5099'-6022' lintang kidul jeung 106007'-106025' bujur wétan.[3] Nepi ka taun 2021, numutkeun data ti Badan Pusat Statistik Kota Serang, sacara administratip ibukota Banten ieu kabagi kana genep kacamatan jeung 67 kalurahan. Walantaka mangrupakeun kacamatan nu boga kalurahan pang lobana nyaéta 14 kalurahan. Beda jeung Cipocok Jaya, anu boga kalurahan pang saeutikna nyaéta 8 kalurahan.[4]
Kota Sérang | |||
---|---|---|---|
Ibu kota | |||
Masjid Agung Banten | |||
| |||
Ngaran jujuluk: Kota Santri | |||
Motto: Kota Serang Madani | |||
Lokasi di Banten | |||
Nagara | Indonésia | ||
Région | Jawa | ||
Propinsi | Banten | ||
Netep | 10 Agustus 2007 | ||
dasar hukum | UU No. 32/2007 | ||
Pamaréntahan | |||
• Badan | Pamaréntah Daérah Kota Sérang | ||
• Walikota | H. Syafrudin S.Sos., M.Si. | ||
• Wakil Walikota | Subadri Ushuludin | ||
Lega | |||
• Total | 266,74 km2 (102,99 sq mi) | ||
Pangeusi | |||
• Total | 712.166 | ||
• Kapadetan | 2,700/km2 (6,900/sq mi) | ||
Zona wanci | UTC+7 (Indonésia Bagéan Kulon) | ||
Kode pos | 421xx, 429xx | ||
Kode aréa | 0254 | ||
Régistrasi tutumpakan | A xxxx A*/B*/C*/D* | ||
IPM | 72,44 (2021) (Citakan:Fontcolor)[2] | ||
Ramatloka | serangkota |