From Wikipedia, the free encyclopedia
Buah léngkéng mangrupa buah antioksidan. [rujukan?] Zat giji anu aya di jero buah léngkéng nyaéta protéin, karbohidrat, serat kasar, vitamin C jeung mineral saperti kalsium, fosfor jeung zat besi. [rujukan?] Sajaba ti éta, buah léngkéng ogé ngandung sanyawa polifenol, nyaéta corilagin, gallic acid jeung ellagic acid. [rujukan?] sakabéh sanyawa éta ngandung antioksidan, miboga mangpaat sangkan nyegah radikal bébas, ku kituna bisa ngurangan oksidasi di jero awak. [rujukan?]
Artikel atawa bagian artikel ieu butuh leuwih loba réferénsi sangkan pasti. Mangga bantos ngédit artikel ieu kalawan nambihkeun réferénsi. Tag ieu dibéré dina January 2016 |
Manfaat buah léngkéng leuwih loba dikandung tina sikina dibandingkeun jeung daging buahna. [rujukan?] sikina bisa dipaké pikeun ngabodasan kulit, ku lantaran ngandung zat anu bisa nyegah aktivitas gawé enzim tyrosinase. [rujukan?] Enzim ieu miboga fungsi pikeun ngarobah melamin, atawa nu sok biasa disebut pigmén kulit. [rujukan?]
Sabenerna aya opat jenis léngkéng anu cocog dipelak di dataran rendah nyaéta léngkéng Pingpong, léngkéng Diamond River, léngkéng Kristalin jeung léngkéng Itoh.[1] Léngkéng Diamond river mangrupa léngkéng anu asalna ti Cina sedengkeun léngkéng Kristalin jeung léngkéng Itoh ti Thailand.[1]
Dina awalna, nalika taun 1996 siki léngkéng Pingpong mimiti dipelak di Prambanan.[1] Bibit ieu meunang ti tangkal indukna anu dipelak di Semarang anu asalna ti Vietnam.[1] Harga bibit léngkéng pingpong macem-macem gumantung kana ukuranana, contona ukuran 15 cm nepi ka 20 cm hargana 20 rébu.[1]
Pikeun ngarojong hasil anu maksimal dina budi daya léngkéng Pingpong ieu aya sawatara léngkah perawatan anu kudu dipigawé, di antarana:[1]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.