Locéng
From Wikipedia, the free encyclopedia
Locéng; Genta atawa Bel nyaéta hiji pakakas sederhana anu dipaké nyieun sora pikeun tanggara.[1] Wujudna ilaharna kawas pipa anu muka rubak ka palebah tungtung. Ari disadakeunana kujalan ditakol maké babandul, babandulna aya ngagantung di jero locéng aya ogé anu misah ngawujud panakol.[2] Locéng mibanda harti sora pikeun isarat/tanggara kana maksud nu tangtu. Locéng-locéng anu ukuranna gedé dijieun tina logam ari Locéng laleutik remen dijieun tina keramik atawa porselen.[3]