Makédonia Kalér
From Wikipedia, the free encyclopedia
Républik Makédonia Kalér (basa Makédonia: Република Северна Македонија, Republika Severna Makedonijadangukeun (pitulung·info)[1]) atawa Républik Urut Yugoslavia Makédonia (RUYM, Inggris: the former Yugoslav Republic of Macedonia, disingket FYROM[2][3]), mindeng disebut Makédonia, mangrupa hiji nagara nu aya di samenanjung Balkan, Éropa Kidul. Nagara ieu tepung wates jeung Sérbia (sareng Kosovo) di kalér, Albania di kulon, Yunani di kidul, jeung Bulgaria di wétan.
- Pikeun guna lian ti Makédonia, tempo Makédonia (disambiguasi)
Република Северна Македонија Republika Severna Makedonija[1] Républik North Makédonia |
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
Lagu Денес над Македонија (Denes nad Makedonija) |
||||||
Lokasi Makédonia Kalér (jingga) di buana Éropa (bodas)
|
||||||
Ibu kota (jeung kota panggedéna) | Skopje | |||||
Basa resmi | Makédonia1 | |||||
Démonim | Makédonia | |||||
Pamaréntah | Républik parleménter | |||||
- | Présidén | Gordana Siljanovska-Davkova (Гордана Силјановска-Давкова) | ||||
- | Perdana Menteri | Talat Xhaferi (Талат Џафери) | ||||
Kamerdékaan Ti Yugoslavia | ||||||
- | Proklamasi | 8 Séptémber 1991 | ||||
- | Pangakuan resmi | 8 April 1993 | ||||
Aréa | ||||||
- | Total | 25.713 km² (148) mil² |
||||
- | Cai (%) | 1.9% | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan 2019 | 2.100.000 (145) | ||||
- | Sénsus 2002 | 2.022.547 | ||||
- | Kapadetan | 83 /km² (111) /mil² |
||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2006 | |||||
- | Total | $16.94 miliar (103) | ||||
- | Per kapita | $7.645 | ||||
GDP (nominal) | Perkiraan 2019 | |||||
- | Total | $13.000 miliar (137) | ||||
- | Per kapita | $6.109 | ||||
Gini? (2004) | 29.3 (handap) | |||||
HDI (2005) | 0.801 (luhur) (69) | |||||
Mata uang | Denar (MKD ) |
|||||
Zona wanci | CET (UTC+1) | |||||
- | Usum panas (DST) | CEST (UTC+2) | ||||
TLD Internét | .mk | |||||
Kode telepon | +389 | |||||
Basa Albania loba digunakeun di propinsi-propinsi di Makédonia Kulon. Di wewengkon lian, basa Turki, Sérbia, Romania, jeung Aromania ogé digunakeun. |
Nagara ieu disebut "Républik Urut Yugoslavia Makédonia" ku Sarikat Bangsa-Bangsa taun 1993[4][5] sabab ngadagoan résolusi ngeunaan papaséaan ngaran kalawan Yunani.[6] Loba institusi internasional jeung nagara lian geus ngakuan nagara ieu kalawan ngaran nu sarua, sanajan mayoritas nagara ngakuan nagara ieu kalawan ngaran konstitusional.
Ibu kota Républik Makedonia nyaéta Skopje, nu miboga 506.926 padumuk dina taun 2004[rujukan?], jeung aya sababaraha kota nu leuwih leutik, misalna, Bitola, Kumanovo, Prilep, Tetovo, Ohrid, Veles, Štip, Kočani, Gostivar, jeung Strumica.
Nagara ieu mangrupa anggota PBB jeung Déwan Éropa, jeung ogé anggota ti La Francophonie, World Trade Organization (WTO), jeung OSCE. Ti Désémber 2005, nagara minangka kandidat anggota Uni Éropa jeung geus ngadaptar asup ka NATO.