Congcorang
From Wikipedia, the free encyclopedia
Congcorang nu mangrupa hiji ordo Mantodéa diwangun ku 1.800 nepi ka 2.000 spésiés, nu lolobana kaasup Mantidae. Dulur congcorang pangdeukeutna nyaéta ordo Isoptera (rinyuh) jeung Blattodea (cucunguk). Sababaraha éntomologis ngagolongkeun congcorang jeung cucunguk dina hiji ordo.
Congcorang | ||||||||
---|---|---|---|---|---|---|---|---|
Congcorang kelir coklat | ||||||||
Klasifikasi ilmiah | ||||||||
| ||||||||
Kulawarga | ||||||||
Chaeteessidae |
Congcorang kawentar ku ukuranana nu katémbong badag tur lincah. Kadaharanana biasana mah serangga hirup samodél laleur; spésiés congcorang nu leuwih badag sok ngamangsa kadal leutik, bangkong, jeung manuk ku cara ditéwak ku "leungeun"na.
Congcorang téh manukna dina nyaru mah, utamana ngaluyukeun manéh jeung kelir dangdaunan tempat hirupna sahingga bisa nyumput ti nu rék ngamangsa, sakaligus ngadodoho mangsana. Spésiés nu di Afrika jeung Australia mah aya nu bisa robah kelirna jadi hideung dina jangka sababaraha poé. Malah lain kelirna wungkul, sabab panémbongna gé bisa nyaru dangdaunnan, jukut, atawa babatuan.