Marc Márquez
From Wikipedia, the free encyclopedia
Marc Márquez Alentà (lahir 17 Fébruari 1993) nyaéta tukang balap motor Grand Prix urang Spanyol sarta dalapan kali juara dunya kajuaran Grand Prix, nu genep di antarana dina kelas MotoGP.[1][2][3] Márquez balap pikeun tim pabrik Honda saprak manéhna ancrub dina MotoGP taun 2013.[4] Manéhna minangka salah sahiji ti opat tukang balap nu geus meunang gelar juara dunya dina tilu kategori nu béda, sanggeus Mike Hailwood, Phil Read sarta Valentino Rossi.[5]
Marc Márquez | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
Márquez 2021 | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Kabangsaan | Spanyol | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Lahir | 17 Pébruari 1993 (1993-02-17) (yuswa 31) Cervera, Spanyol | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Tim ayeuna | Repsol Honda | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Nomer motor | 93 | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
|
Márquez juara Kajuaraan Dunya 125cc taun 2010 ,[6][7] juara Kajuaraan Dunya Moto2 taun 2012 ,[8][9] sarta juara Kajuaraan Dunya MotoGP taun 2013, 2014, 2016, 2017, 2018 jeung 2019. Márquez jadi purah balap nu mimiti saprak Kenny Roberts dina taun 1978 pikeun ngalengkepan gelar kelas utama dina usum balap munggaranna, sarta nu pangngorana pikeun ngahontal gelar sagemblengna.[10] Manéhna bisa nahan gelarna, jawara kajuaraan taun 2014.[11] Manéhna téh lanceukna Álex Márquez jawara dunya Moto3 taun 2014.[12] Márquez mapakan rékor Grand Prix sapanjang mangsa pikeun posisi pole dina umur 23, taun 2016, hiji rékor nu dicepeng ku manéhna sorangan taun 2017.[13]