Mujaér
From Wikipedia, the free encyclopedia
Mujaér atawa Jaér nyaéta lauk cai anu biasa didahar ku jalma, wangun awakna gepéng, warnana hawuk, coklat atawa hideung.[1] Ieu lauk asalna ti Afrika sarta mimiti kapanggih di Indonesia ku bapa Mujair di muara walungan Sérang basisir kidul Blitar Jawa Timur dina taun 1939.[1] Lauk mujaér gancang badagna.[1] Panjang total awak panggedéna nyaéta 40 cm, loba dibudidayakeun di Jawa Barat, Jawa Tengah, Sumatera, jeung Kalimantan.[1]
Mujaer kaasup sato omnivor, di alamna muajer biasa ngadahar tutuwuhan cai, diatom, chlorophycéae, dinophycéae jeung crustaséa, sedengkeun anakna dahar fitoplankton jeung zooplankton.[2]
Ciri-ciri mujaér bikangna nyaéta aya 3 liang dina urogenetial nyaéta bool, liang kaluarna endog sarta liang kaluarna urin.[3] Tungtung cécépét boga warna beureum sepa, warna beuteung leuwih bodas, warna gado ogé bodas, sarta lamun beuteungna distriping henteu ngaluarkeun cairan.[3] Sedengkeun ciri-ciri mujaér jaluna nyaéta dina pakakas urogenetial ngan aya dua liang nyaéta; bool, sarta liang kaluarna spérma sakaligus liang kaluarna urin.[3] Tungtung cécépét boga warna beureum caang, warna beuteung jeung gado leuwih poék, sarta lamun beuteung distriping baris ngaluarkeun cairan.[3]
ini pahatu lalis, artinya tidak ada artikel lain yang berpaut ke halaman ini. Bantulah menambah pranala ke artikel ini dari artikel yang berhubungan; atau coba peralatan pencari pranala sebagai saran. |
Mujaér | |
---|---|
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | |
Kelas: | Actinopterygii |
Ordo: | Perciformes |
Kulawarga: | Cichlidae |
Génus: | Oreochromis |
Spésiés: | O. mossambicus |
Ngaran binomial | |
Oreochromis mossambicus (W. Peters), 1852 | |