From Wikipedia, the free encyclopedia
Pandémi koronavirus 2019 di Jérman mimiti kapanggih di tanggal 27 Januari 2020 di Bavaria, saenggeus hiji lalaki papanggih jeung babaturanana urang Tiongkok. Ieu ngajadikeun Jérman jadi nagara kadua anu ngonfirmasi ayana kasus positip virus korona saenggeus Prancis.[5][6]
Wilayah distrik kalawan kasus koronavirus kakonfirmasi per 100.000 pangeusi. | |
Wilayah state kalawan kasus koronavirus kakonfirmasi (per 28 Maret):
██ Kakonfirmasi 100–499██ Kakonfirmasi 500–999██ Kakonfirmasi1000–9999██ Kakonfirmasi ≥10000 | |
Panyakit | COVID-19 |
---|---|
Galur Virus | SARS-CoV-2 |
Lokasi | Jerman |
Kasus munggaran | Bavaria |
Tanggal mimiti aya | 27 Januari 2020 |
Asal | Wuhan, Hubei, Républik Rahayat Tiongkok[1][2] |
Kasus kakonfirmasi | 199,214[3][4] |
Kasus pulih | 183,600 (diperkirakan)[3][4][lower-alpha 1] |
Tilar dunya | 9,125[3][4] |
Per tanggal 3 Méi 2020, kacatet geus aya 165.016 kasus positip, 6.812 kasus anu tilar dunya, sarta total anu cageur nyaéta 130.006 urang atawa 78,7%. Hal éta anu nyababkeun Jérman jadi nagara anu "berhasil" ngalawan ieu virus.[7][8][9]
Jérman jadi nagara kalawan kasus tiwas anu kawilang saeutik dibanding nagara-nagara Éropa séjén, saperti Inggris, Prancis, jeung Italia. Ayeuna, Jérman geus diklaim ngahasil dina ngendalikeun ieu sasalad.[10][11] Ieu ku lantaran tés masal geus dilakukeun ti mimiti kénéh, patuhna masarakat kana kawijakan pangwatesan sosial, sarta sistem kaséhatan anu kuat.[12][13]
Mimitina, hiji lalaki éta papanggih jeung babaturanana, warga nagara Tiongkok anu eukeur ngalungguhan acara palatihan pausahaan di Nagara Bagian Bavaria. Lalaki 33 taun ieu cicing di deukeut Starnberg, kira-kira 30 kilométer kiduleun Munich. Ieu lalaki téh kawilang séhat numutkeun otoritas kaséhatan, sarta langsung diisolasi. Tuluy, jelema-jelema anu kontak jeung manéhna dibéré nyaho sarta dimonitor jaga-jaga bisi virusna sumebar.[14][15][16][6]
Di tanggal 28 April 2020, ieu virus geus sumebar di sakabéh nagara bagian di Jérman. Jumlah kasus nyaéta 156.337, sarta anu tiwas nyaéta 5.913 urang. Nagara bagian anu panglobana kasus nyaéta Bavaria, tempat munggaran ieu virus mimiti kakonfirmasi.[17]
Nagara bagian | Jumlah kasus | Kasus tiwas | Nagara bagian | Jumlah kasus | Kasus tiwas |
---|---|---|---|---|---|
Bavaria | 41.406 | 1.681 | Saxony | 4.490 | 148 |
North Rhine-Westphalia | 32.184 | 1.171 | Bradenburg | 2.747 | 106 |
Baden-Württemberg | 31.196 | 1.269 | Schleswig Holstein | 2.653 | 101 |
Lower Saxony | 9.847 | 394 | Saarland | 2.509 | 123 |
Hesse | 8.026 | 333 | Thuringia | 2.144 | 78 |
Rheinland-Palatinate | 5.928 | 157 | Saxony-Anhalt | 1.520 | 39 |
Berlin | 5.669 | 127 | Bremen | 759 | 27 |
Hamburg | 4.505 | 142 | Mecklenburg-West Pomerania | 675 | 17 |
Per tanggal 19 Maret 2020, Pamaréntah Jérman ngalumakukeun kawijakan lockdown atawa karantina wewengkon, tapi henteu sacara nasional.[18][19] Kota munggaran anu ngalumakukeun ieu kawijakan nyaéta Kota Mitterteich, Bavaria.[20] Tuluy di tanggal 15 April, kawijakan lockdown diperpanjang nepi ka 3 Méi, ku sabab jumlah kasus anu tuluy nambahan.[21][22] Sanajan kitu, Pamaréntah ngarancang pikeun muka lockdown sacara bertahap, saperti babaraha kantor jeung sakola anu mimiti dibuka deui.[23] Di tanggal 20 April, babaraha toko anu legana maksimal 800 méter pasagi diijinkeun pikeun dibuka, nyusul kawijakan pikeun ngalogorkeun lockdown, kalawan tetep merhatikeun jarak aman 1,5 méter.[24][25][26]
Ku sabab aya ieu sasalad, ékonomi Jérman kira-kira bakal kontraksi 6,6 persén,[27] sarta bakal résési anu pangparahna sapanjang sajarah.[28][29] Ku lantaran loba bisnis anu rugi, sarta loba jalma anu kaleungitan pagawéan.[27]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.