From Wikipedia, the free encyclopedia
(Seratan Kang Ilén Kardani ti milis Kisunda)
Panyakit B (belik, boson, budeg, bodo, balelo, balangah, busiat, bedegong, jsb) anu ku urang kulon mah disebut Alzheimer atawa Senile Dementia téa, nyaéta turuna kapinteran jeung fungsi mental ku sabab aya perobahan tina jaringan otak, bisa ku lantaran sel otak anu murungkut, pambuluh darah otak anu acak-acakan, atawa bisa ogé jarak antara sel otak ngaanggangan sabab kurangna substansi anu dipaké komunikasi antara sel-sel otak. Panyakit ieu biasana nyerang ka jelema anu geus kolot katompernakeun, babandinganana tina sapuluh rebu urang (nu geus karolot) bakal aya salapan urang anu keuna ku ieu panyakit, lolobana mah karandapan ku awewe.
Jaringan otak merlukeun zat anu disebut acetylcholine, somatostatin, P substance, jeung eropinephrine. Kakurangan zat kasebut bakal ngakibatkeun nuruna fungsi mental atawa timbulna panyakit B. Pangaruh luar saperti kadaharan anu loba ngandung alumunium jeung mangan, atawa infeksi tina sumsum tulang belakang, bisa ogé ngalantarankeun timbulna ieu panyakit.
Ciri-ciri panyakit B:
Kumaha mariksana?
Lamun aya nu gering sarupa kitu, biasana sirahna dipariksa make: CT Scan, sinar-X, MRI (Magnetic Resonance Imaging) atawa ku EEG (Electroencephalography). Tina hasil pamariksaan bakal kapanggih karusakan naon anu karandapan ku otakna.
Kumaha ngubaranana?
Nya teuing atuh, da tepi ka kiwari ogé can aya ubar anu tokcer keur ngilangkeun panyakit B. Aya ogé ubar iwal ukur ngajaga efek samping tina panyakit B, sarupaning: Tacrine phosphatidyl choline, anti-psychotics, serotonin, carbamazepine, anticonvulsant jsb.
Kumaha ngurus jalma anu boga panyakit B?
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.