Park Haé-jin (gumelar di Busan, Koréa Kidul, 1 Méi 1983; umur 41 taun) nyaéta saurang modél sakaligus aktor asal Koréa Kidul.[1] Haé-jin téh saurang modél anu pindah jadi saurang béntang tipi jeung drama.[2] Ngaranna mimiti ngajomantara dina drama MBC, East of Eden (2008).[rujukan?] Dina drama éta Haé-jin meunang peran minangka Shin Myung-hoon, hiji lalaki badung anu maok haté awéwé batur.[rujukan?] Park Haé-jin ogé sempet ngabéntangan sawatara drama Tiongkok.[rujukan?] Taun 2013 katompérnakeun, Haé-jin maén dina drama populér Man From the Star.[rujukan?] Di taun 2014, manéhna ogé maén dina sérial tipi Dr. Stranger SBS.[rujukan?] Kahirupan pribadina teu pati bagja, kolotna pipisahan nalika manéhna leutik kénéh.[rujukan?] Manéhna bisa bareng jeung ibuna sanggeus pisah 17 taun lilana.[rujukan?]

Fakta Singget Ngaran asli, Gumelar ...
Park Haé-jin
Ngaran asli박해진
GumelarPark Hae-jin
01 Méi 1983 (1983-05-01) (yuswa 41)
Busan, Koréa
KabangsaanKoréa
PagawéanAktor, Modél
Taun aktip2006-kiwari
AgénWM Entertainment
Jangkungna186 cm
Beuratna72kg
Situs web
Park Haé-jin
Hangul박해진
Alih Aksara anu DisampurnakeunBak Hae-jin
McCune-ReischauerPak Haejin
Tutup

Pangajén

  • KBS Drama Awards 2006 pikeun kategori Newcomer Award jeung Best Couple bareng Lee Tae-ran liwat drama Famous Chil Princesses.[rujukan?]
  • 43rd Baeksang Art Awards 2007 pikeun kategori Newcomer Award.[rujukan?]
  • KBS Drama Awards 2007: Best Couple bareng Han Hyo-joo jeung Excellence in Acting Award for Daily Dramas liwat Like Land and Sky.[rujukan?]
  • MBC Drama Awards 2008: Newcomer Award liwat drama East of Eden.[rujukan?]
  • Asia Model Festival Awards 2009: Popular Male Star Award.[rujukan?]

Rujukan

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.