Républik Démokratik Kongo
From Wikipedia, the free encyclopedia
Républik Démokratik Kongo (Basa Prancis: République démocratique du Congo) nyaéta hiji nagara anu aya di Afrika Tengah. Nagara ieu mangrupa nagara ieu mangrupa nagara anu panggedéna kadua di Afrika, upami di dunya, anu kasawelas. Kalawan populasi anu leuwih ti 71 yuta,[1] Républik Démokratik Kongo mangrupa nagara anu panglobana padumukna kadalapan welas di dunya, anu kaopat di Afrika.
- Kadé pahili jeung tatanggana, Républik Kongo
République Démocratique du Congo Repubilika ya Kongo Demokratika Jamhuri ya Kidemokrasia ya Kongo Republiki ya Kongó Demokratiki Ditunga día Kongu wa Mungalaata Républik Démokratik Kongo |
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
Motto Justice – Paix – Travail |
||||||
Lagu "Debout Congolais" |
||||||
Ibu kota (jeung kota panggedéna) | Kinshasa 4°19′S 15°19′E | |||||
Basa resmi (Basa nasional) |
Basa Perancis (Basa Lingala, Basa Kikongo, Basa Swahili, Basa Tshiluba) |
|||||
Démonim | Congolese | |||||
Pamaréntah | Républik semi-présidénsial | |||||
- | Présidén | Félix Thisekedi | ||||
- | Perdana Mentri | Jean-Michel Sama Lukonde | ||||
Kamerdikaan | ||||||
- | ti Bélgia | 30 Juni 1960[1] | ||||
Aréa | ||||||
- | Total | 2.345.409 km² (ka-11) 905.355 mil² |
||||
- | Cai (%) | 4,3 | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan 2011 | 71,712,867[1] (ka-19) | ||||
- | Kapadetan | 29,3 /km² (ka-182) 75,9 /mil² |
||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2010 | |||||
- | Total | $23.117 billion[2] | ||||
- | Per kapita | $328[2] | ||||
GDP (nominal) | Perkiraan 2010 | |||||
- | Total | $13,125 milyar[2] | ||||
- | Per kapita | $186[2] | ||||
HDI (2011) | 0.286[3] (handap) (ka-187) | |||||
Mata uang | Franc Kongo (CDF ) |
|||||
Zona wanci | WAT, CAT (UTC+1 nepi ka +2) | |||||
- | Usum panas (DST) | teu kaobsérvasi (UTC+1 nepi ka +2) | ||||
TLD Internét | .cd | |||||
Kode telepon | +243 |
Nagara ieu tepung wates jeung Républik Afrika Tengah sareng Sudan Kidul di kalér; Uganda, Rwanda, sareng Burundi di wétan; Zambia sareng Angola di kidul; jeung teras Républik Kongo, Kabinda, jeung Samudra Atlantik di kulon; sarta kapisah ti Tanzania ku Dano Tanganyika di beulah wétan.[1] Nagara ieu miboga aksés ka samudra liwat sela sapanjang +40 km di Muanda kana Samudra Atlantik sarta kasarna 9 km lébar muara Wahangan Kongo anu muka ka Teluk Guinéa.
Perang Kongo Kadua, mimiti dina 1998, ngancurkeun nagara ieu jeung kadang dilandi "Perang Dunya Afrika" sabab mimilukeun 9 bangsa Afrika jeung kira-kira 20 grup senjata.[4] Sanajan aya tanda karapihan dina 2003, patempuran tetep limangsung dina bagian nagara beulah wétan. Di Kongo wétan, tingkat kajahatan séksual dipeunteunan salaku anu panggoréngna sadunya.[5] Perang ieu mangrupa konflik anu pangbahayana sadunya ti Perang Dunya II, nelasan 5,4 juta urang ti 1998.[6][7] Kalobaannana pupus ku lantaran malaria, diaré, pneumonia, malnutrisi.[8]
Républik Démokratik Kongo baheulana, dina runtuyannana, Nagara Bébas Kongo, Kongo Bélgia, Kongo-Léopoldville, Kongo-Kinshasa, jeung Zaire (Zaïre dina Basa Perancis).[1] Ngaran-ngaran baheula ieu kadang dirujuk salaku ngaran teu resmi, kalawan pangacualian kateudaékan Mobutu kana Zaire, bareng jeung singketan lianna, saperti, Congo, Congo-Kinshasa, DR Congo, jeung DRC. Sanajan nagara ieu aya di subrégion PBB Afrika Tengah, nagara ieu ékonomi jeung régionalna kahubung jeung Afrika bagian kidul salaku anggota ti Komunitas Pamekaran Afrika Kidul (SADC).