Sénégal
From Wikipedia, the free encyclopedia
Sénégal (Basa Prancis: le Sénégal), resmina Républik Sénégal (République du Sénégal, IPA: [ʁepyblik dy seneɡal]), nyaéta hiji nagara di Afrika kulon. Ngaran nagara ieu dumasar kana Walungan Sénégal nu aya ka wétan jeung kalér. Sénégal wawatesan jeung Samudra Atlantik di kulon, Mauritania di kalér, Mali di wétan, jeung Guinéa sareng Guinéa-Bissau di kidul; di jero nagara ieu aya nagara Gambia, nu ngan wawatesan jeung Sénégal sarta Samudra Atlantik. Sénégal miboga aréa méh 197,000 square kilometres (76,000 sq mi), jeung miboga hiji populasi kira-kira 14 yuta. Iklimna tropis kalawan 2 usum: halodo jeung panghujan.
République du Sénégal Républik Sénégal |
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
Motto "Un Peuple, Un But, Une Foi" |
||||||
Lagu Pincez Tous vos Koras, Frappez les Balafons |
||||||
Lokasi Sénégal dina Uni Afrika
|
||||||
Ibu kota (jeung kota panggedéna) | Dakar 14°40′N 17°25′W | |||||
Basa resmi (Basa nasional) |
Perancis (Wolof, Soninke, Seereer-Siin, Fula, Maninka, Diola[1]) |
|||||
Grup étnis | Wolof 43,3% Pular 23,8% Serer 14,7% Jola 3,7% Mandinka 3% Soninke 1,1% Éropa/Libanon 1% nu lian 9,4% |
|||||
Démonim | Senegalese | |||||
Pamaréntah | Républik semi-présidénsial | |||||
- | Présidén | Bassirou Diomaye Faye | ||||
- | Perdana Mentri | Ousmane Sonko | ||||
Kamerdikaan | ||||||
- | ti Perancis bareng Sudan Perancis salaku Féderasi Mali | 20 Juni 1960 | ||||
- | ti Féderasi Mali | 20 Agustus 1960 | ||||
Aréa | ||||||
- | Total | 196.723 km² (ka-87) 76.000 mil² |
||||
- | Cai (%) | 2,1 | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan 2023 | 18.384.660[2] (ka-66) | ||||
- | Sénsus 2002 | 9.967.215 | ||||
- | Kapadetan | 69,7 /km² (ka-134) 180,4 /mil² |
||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2010 | |||||
- | Total | $23,274 milyar[3] | ||||
- | Per kapita | $1.772[3] | ||||
GDP (nominal) | Perkiraan 2010 | |||||
- | Total | $13,472 milyar[3] | ||||
- | Per kapita | $1.026[3] | ||||
Gini? (1995) | 41,3 (sedeng) | |||||
HDI (2010) | 0,411 (handap) (ka-144) | |||||
Mata uang | Franc CFA (XOF ) |
|||||
Zona wanci | UTC | |||||
TLD Internét | .sn | |||||
Kode telepon | +221 |
Dakar, ibu kota Sénégal, aya di beulah kulon nagara ieu, di Samenanjung Cap-Vert. Kira-kira 500 kilométer (300 mil) tina, aya Kapuloan Tanjung Verde. Dina abad ka-17 jeung ka-18, raloba pos dagang, piboga rupa-rupa pihak, diwangun sapanjang basisir. Kota St. Louis jadi ibu kota ti Afrika Kulon Perancis (Afrique occidentale française, atawa AOF) saméméh dipindahkeun ka Dakar dina 1902. Dakar teras jadi ibu kota nagara ieu dina 1960 basa jaman kamerdikaan ti Perancis.