Ténda
From Wikipedia, the free encyclopedia
Ténda téh nyaéta mota nu sok dipaké hateup mobil atawa délman; imah gedé saperti nu sok dipaké ku sirkeus.[1] Ténda bisa dibabawa ka mana-mana sarta sok digunakeun ku tantara minangka tempat nampung korban bencana alam atawa nalika maranéhna perang.[2] Salian ti éta ténda ogé sok dipaké imah ku para pendaki gunung. Ténda dijieun tina kaén, plastik, atawa bahan-bahan lainna nu cukup awét.[2] Ténda miboga dua prinsip lapisan perlindungan nyaéta dingding bagian jero nu dijieun tina bahan nu bisa ngarénghap (breatable) atawa bahan nu non-waterproof jeung dingding luar (flysheet) nu dijieun tina bahan nu tahan ku cai.[2] Tujuanana nyaéta ngungkulan faktor kondénsasi nu dihasilkeun ku awak manusa jeung rupa-rupa kagiatan nu aya di jero ténda.[2]
ini pahatu lalis, artinya tidak ada artikel lain yang berpaut ke halaman ini. Bantulah menambah pranala ke artikel ini dari artikel yang berhubungan; atau coba peralatan pencari pranala sebagai saran. |