Téhnologi
From Wikipedia, the free encyclopedia
Téhnologi mibanda leuwih ti hiji harti. Nu hiji mangrupa tumuwuh jeung tumerapna parabot, mesin, bahan, jeung prosés nu nulungan manusa méréskeun masalah sarta nedunan pangabutuh. Salaku kagiatan manusa, téhnologi ngamangsa boh élmu boh rékayasa. Istilah téhnologi ku sabab kitu mindeng dicirikeun ku papanggihan-papanggihan jeung gadget maké prinsip jeung prosés ilmiah nu anyaran kapanggih. Tapi, papanggihan nu geus heubeul pisan saperti gilinding gé mangrupa conto téhnologi.
Harti séjén—dipaké na widang ékonomi—nilik téhnologi salaku wujud mutahir pangaweruh urang dina cara ngagabungkeun rupa-rupa sumberdaya pikeun ngahasilkeun produk nu dipikahayang (jeung pangaweruh urang kana naon waé nu bisa dihasilkeun). Ku kituna, urang bisa nempo parobahan téhnologis nalika pangaweruh téhnis urang ningkat/nambahan.