Timor Lésté
From Wikipedia, the free encyclopedia
Républik Démokratik Timor-Lésté (resmina, ngaran Timor-Lésté leuwih dipikaresep, sanajan Timor Wétan geus leuwih ilahar dina basa urang) nyaéta hiji nagara di Asia Tenggara. Nagara ieu perenahna di bagéan wétan Pulo Timor, deukeuteun kapuloan Atauro jeung Jaco, sarta Oecussi-Ambeno, éksklaf di sisi kulon kalér pulo, di wewengkon Timor Kulon, Indonésia. Nagara leutik nu legana ukur 5.376 mil pasagi (14,609 kilométer pasagi) ieu, perenahna kurang leuwih 400 mil (640 km) kulon kalereun Darwin, Australia.
Repúblika Demokrátika Timór Lorosa'e República Democrática de Timor-Leste Républik Démokratik Timor-Lésté |
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
Motto "Unidade, Acção, Progresso" (Portugis) "Ngahiji, Meta, Mekar" |
||||||
Lagu Pátria |
||||||
Ibu kota | Dili 8°34′S 125°34′E | |||||
Kota panggedéna | Ibu kota | |||||
Basa resmi | Tetum, Portugis1 | |||||
Pamaréntah | Républik | |||||
- | Présidén | José Ramos-Horta | ||||
- | Perdana Mentri | José Maria Vasconcelos (Taur Matan Ruak) | ||||
Merdika | ti Portugal2 | |||||
- | Didéklarasikeun | 28 Nopémber 1975 | ||||
- | Diaku | 20 Méi 2002 | ||||
Aréa | ||||||
- | Total | 14,609 km² (ka-158) 5,743 mil² |
||||
- | Cai (%) | sakedik | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan Juli 2005 | 947,000 (ka-155) | ||||
- | Kapadetan | 64 /km² (132nd) 166 /mil² |
||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2005 | |||||
- | Total | $1.68 miliar (206) | ||||
- | Per kapita | $800 (188) | ||||
HDI (2004) | 0.513 (sedeng) (ka-142) | |||||
Mata uang | Dolar A.S.3 (USD ) |
|||||
Zona wanci | (UTC+9) | |||||
TLD Internét | .tl4 | |||||
Kode telepon | +670 | |||||
1 | Basa Indonésia jeung Basa Inggris diaku ku Undang-undang minangka "working language". | |||||
2 | Indonésia nginvasi Timor Wétan dina 7 Désémber, 1975 sarta ninggalkeun taun 1999. | |||||
3 | Koin centavo dipake oge. | |||||
4 | .tp keur dina tahap kaluar. |
Salila dijajah ku Portugal dina abad ka-16, Timor Wétan katelahna Timor Portugis salila mangabad-abad. Satuluyna diinvasi ku Indonésia taun 1975 sarta diaku minangka propinsi ka-27 taun satuluyna. Dumasar kana referendum taun 1999 nu dirojong ku PBB, Indonésia ngaleupaskeun kadali ka Timor Wetan sarta ngajadikeun nagara ieu nagara berdaulat munggaran dina abad ka-21 sarta dina milénium ka-3 dina 20 Méi 2002. Lian ti Pilipina, Timor Wetan mangrupa salah sahiji tina dua nagara Katolik Roma di Asia.