Vanuatu
From Wikipedia, the free encyclopedia
Vanuatu (IPA: [ˌvɑːnuˈɑːtu]), ngaran resmina Républik Vanuatu, mangrupa nagara pulo nu aya di Samudra Pasifik kidul. Kapuloan ieu perenahna 1,750 km (1090 mil) di wétaneun Australia béh kalér, 500 km (310 mil) wétan kaléreun Kalédonia Anyar, kuloneun Fiji jeung kiduleun Kapuloan Solomon.
Fakta Singget Ripablik blong Vanuatu République du VanuatuRépublik Vanuatu, Basa resmi ...
Ripablik blong Vanuatu République du Vanuatu Républik Vanuatu |
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
Motto "Long God yumi stanap" (Keur Gusti urang ngadeg) |
||||||
Lagu Yumi, Yumi, Yumi |
||||||
Ibu kota (jeung kota panggedéna) | Port Vila 17°45′S 168°18′E | |||||
Basa resmi | Bislama, Inggris, Perancis | |||||
Pamaréntah | Républik | |||||
- | Présidén | Tallis Obed Moses | ||||
- | Perdana Mentri | Bob Loughman Weibur | ||||
Merdika | ti Perancis jeung UK | |||||
- | Tanggal | 30 Juli 1980 | ||||
Aréa | ||||||
- | Total | 12,189 km² (ka-161) 4,706 mil² |
||||
- | Cai (%) | sakedik | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan Juli 2006 | 209,000 (ka-183) | ||||
- | Kapadetan | 17 /km² (ka-188) 44 /mil² |
||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2005 | |||||
- | Total | $726 yuta (ka-175) | ||||
- | Per kapita | $3,346 (121st) | ||||
HDI (2004) | 0.670 (sedeng) (ka-119) | |||||
Mata uang | Vatu Vanuatu (VUV ) |
|||||
Zona wanci | (UTC+11) | |||||
TLD Internét | .vu | |||||
Kode telepon | +678 |
Tutup
Vanuatu baheulana munggaran dicicingan ku urang Mélanésia. Urang Éropa mimiti nyicingan wewengkon ieu ahir abad ka-18 nu juntrungannana dina taun 1906 Britania jeung Perancis sacara resmi ngaku nagara ieu, nu sacara babarengan diatur minangka Hébride Anyar ngaliwatan kondominium Briania-Perancis. Gerakan kamerdikaan mucunghul taun 1970-an, nu ahirna Républik Vanuatu ngadeg taun 1980.