Wewengkon depéndensi
From Wikipedia, the free encyclopedia
Wewengkon depéndensi mangrupa wewengkon nu ku lantaran hiji hal teu bisa miboga kamerdékaan atawa kadaulatan kawas hiji nagara. Hiji depéndensi bisa dikategorikeun ti rupa jeung katingkatan.
Wewengkon depéndensi béda jeung éntitas subnasional hiji nagara sabab duanana ngawakilan kumpulan pamisahan nu bébéda. Hiji éntitas subnasional biasana ngawakilan babagian wewengkon nagara, lamun wewengkon depéndensi bisa mangrupa wewengkon luar nagri hiji nagara kalawan status otonomi nu leuwih gedé.
Aréa nu sacara kapisah dingaranan tacan merdéka nyaéta wewengkon nu dipaséakeun, dijajah, miboga pamaréntah dina pangasingan atawa miboga gerakan kamerdékaan nu boga pangaruh kiat.