22 Agustus

From Wikipedia, the free encyclopedia

Remove ads

22 Agustus nyaéta poé ka-234 dina sataun (ka-235 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 131 poé.

12
3456789
10111213141516
17181920212223
24252627282930
31  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

Kajadian

  • 1286 - Prasasti Padang Roco nyebutkeun yén Kertanagara, raja Singosari di Jawa, ngahadiahkeun hiji Arca Amoghapasa ka Tribhuwanaraja, raja Malayu Dharmasraya di Sumatra.
  • 1541Turki Utsmani, dina pingpinan Sulaiman Agung ngarebut Buda, puseur nagri Karajaan Hongaria, sarta nepi ka 150 taun kahareupna Turki tuluy ngadominasi puseur Hongaria.
  • 1718 – Chareles VI ti Karajaan Romawi Suci néken pasini daméy jeung Turki sarta Vénisia.
  • 1770 - Ékspédisi James Cook nepi di tungtung kalér basisir wétan Australia.
  • 1864 - Dua welas nagara nandatangan Konvénsi Jénéwa Munggaran pikeun nangtayungan korban perang, ngawanohkeun lambang cakra beureum.
  • 1942Perang Dunia II: Kampanye Gudalcanal: Pasukan Amérika ngéléhkeun pasukan Karajaan Jepang dina Patempuran Tenaru.
  • 1944Konferénsi Dumbarton Oaks, minangka pangwawanoh kana PBB, dimimitian.
  • 1945 - Sidang Panitia Persiapan Kamerdékaan Indonésia nangtukeun pabentukan Badan Kaamanan Rahayat pikeun ngajaga kaamanan umum di Républik Indonésia.
  • 1957 – Uni Soviét hasil nguji coba mesatkeun R-7 Semyorka, misil balitik antar benua nu munggaran.
  • 1959Hawaii ngagabung ka AS minangka nagara bagéan ka-50.
  • 1968 – Pasukan Pakta Warsawa ngaréngsékeun serangan ka Cékoslowakia ku nahan pamingpin Céko, Alexander Dubček sarta maksa manéhna sangkan néken Protokol Moskow.
  • 2006 - Pulkovo Airlines Panerbangan 612 murag di deukeut wawatesan Rusia-Ukraina; 160 panumpang jeung 10 awak pasawat palastra.
Remove ads

Nu babar

  • 1936Wilt Chamberlain, pamaén baskét Amérika (td. 1999)
  • 1938Kenny Rogers, musisi Amérika (td. 2020)
  • 1956Kim Cattrall, artis Inggris-Kanada
  • 1961Stephen Hillenburg, animator tur kartunis Amérika (SpongeBob SquarePants) (d. 2018)
  • 1963Muhammad VI ti Maroko, raja Maroko
  • 1967Carrie-Anne Moss, artis Kanada
  • 1973Sergey Brin, pangusaha tur ahli komputer Rusia-Amérika, nu ngilu ngadegkeun Google
  • 1984Eva Torres, artis Amérika
  • 1985Laura Haddock, artis Inggris
  • 1986Usain Bolt, sprinter Yamaika
  • 1986 – Omesh, tukang lawak jeung tukang nyepeng acara Indonésia
  • 1987Kim Kibum, tukang ngawih Koréa Kidul (Super Junior)
  • 1988Robert Lewandowski, pamaén bola Polandia
  • 1988 – Kacey Musgraves, musisi Amérika
  • 1989Hayden Panettiere, artis Amérika
  • 1995Conchita Caroline, artis jeung presenter Indonésia
Remove ads

Nu pupus

  • 1614Elizabeth Báthory. awéwé ti Hongaria, pangremenna nelasan di dunia (l. 1560)

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Maritim Indonésia

Tumbu luar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads