2 Maret

From Wikipedia, the free encyclopedia

Remove ads

2 Maret nyaéta poé ka-61 dina sataun (ka-62 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 303 poé.

1
2345678
9101112131415
16171819202122
23242526272829
3031  

Kajadian

  • 1498 – Armada Vasco da Gama nepi ka Pulo Mozambik.
  • 1561 – Pangjajah Spanyol, Pedro del Castillo. nimu Kota Mendoza, Argéntina.
  • 1657Kahuruan Rohaka Meireki: Kahuruan di Édo (kiwari Tokyo), nu nelah ogé ku Kahuruan Furisode, ngabalukarkeun kira-kira 100.000 jalma palastra; lumangsung tilu poé.
  • 1791 – Komunikasi jarak jauh néréhan ku dipedalkeunna mesin semapor di Paris.
  • 1811Perang Kamerdékaan Argéntina: Armada perang Karajaan Spanyol ngéléhkeun sajumlah leutik kapal perang (flotilla) ti armada laut révolusioner dina Patempuran San Nicolas di Leuwi Plate.
  • 1825Roberto Cofresí, salah sahiji bajak Laut Karibia pamungkas, kasoran dina patempuran sarta katéwak ku pihak-pihak nu ngawenang (Karajaan Spanyol, Karajaan Démark jeung Amérika Sarikat).
  • 1882Ratu Victoria méh-méhan teu salamet dina hiji usaha panelasan ku Roderick McLean di Windsor.
  • 1855Alexander II manjing Tsar Rusia.
  • 1896Patempuran Adwa: Angkatan Perang Italia kasoran ku Angkatan Perang Éthiopia di Adwa, Tigray, Éthiopia.
  • 1901 – Pausahaan Baja AS diadegkeun minangka hasil ngagabungna antra Pausahaan Baja Carnegie jeu Pausahaan BAja Féderal sarta jadi pausahaan munggaran nu ngabogaan modal leuwih ti $1 juta.
  • 1919 – Komunis Internasional munggaran masamoan di Moskow.
  • 1933 – Pilem King Kong disetél di Balé Musik Radio Kota New York.
  • 1939 – Kardinal Eugenio Pacelli kapilih jadi Paus sarta maké ngaran Pius XII.
  • 1943Perang Dunia II: Patempuran Laut Bismarck: pasukan AS jeung Australi ngelebuhkeun konpoi kapal laut Jepang.
  • 1946Ho Chi Minh kapilih jadi présidén Viétnam Kalér.
  • 1949 – Kaptén James Gallagher ngadaratkeun pasawatna, B-50 Superfortress Lucky Lady II di Fort Worth, Texas, sabada teu reureuh ngurilingan dunya dina 94 jam samenit.
  • 1955Norodom Sihanouk, manjing raja di Kamboja, nuluykeun bapana, Norodom Suramarit.
  • 1962 – Di Burma, tentara nu dipingpin ku Jéndereal Ne Win ngarebut kakawasaan ku cara kudéta.
  • 1962 – Wilt Chamberlain ngajieun rékor nyitak angka dina sa-gim di NBA ku 100 poin.
  • 1965 – Angkatan Udara AS jeung Républik Viétmam ngamimitian Operasai Rolling Thunder, pangeboman tutuluyan ka Viétnam Kalér.
  • 1969 – Uji coba ngapung munggaran pasawat Inggris-Perancis Concorde di Toulouse, Perancis.
  • 1970Rhodesia nyatakeun dirina minangka hiji républik, megatkeun patali ahir jeung Karajaan Inggris.
  • 1983Compact disc tur pamuterna munggaran dipasarkeun di AS jeung pasar-pasar lianna, sabada saméméhna ngan aya di Jepang wungkul.
  • 1989 – Dua welas nagara anggota Komunitas Éropa satuju pikeun ngalarang produksi khlorofluorkarbon (CFCs) di pangujung abad.
  • 1990Nelson Mandela kapilih jadi wakil présidén Kongrés Nasional Afrika.
  • 1991 – Patempuran di Ladang Minyak Rumaila namatkeun Perang Teluk 1991.
  • 1992 – Dimimitianna perang di Transnistria.
  • 1992Armenia, Azerbaijan, Kazakhstan, Kyrgyzstan, Moldova, San Marino, Tajikistan, Turkmenistan katut Uzbekistan arasup PBB.
  • 1995 – Para panaliti di Fermilab di Chicago. ngabéwarakeun panimuan top quark.
  • 1995Yahoo! dibadanhukumkeun.
  • 2004 – Pangeboman dina Poé Asyuro di Irak, nelasan 170 urang sarta nyideraan 500 lianna.
  • 2017 – Unsur-unsur Moscovium, Tennessine, jeung Oganesson sacara resmi diasupkeun kana tabel périodik dina konferénsi di Moskow, Rusia.
Remove ads

Nu babar

  • 1793Sam Houston, soldadu jeung pulitisi Amérika (td. 1863)
  • 1820Multatuli, pangarang Walanda (td. 1887)
  • 1876Paus Pius XII (td. 1958)
  • 1880 - Mitsumasa Yonai, Perdana Mentri Jepang ka-37.
  • 1904Dr. Seuss, sastrawan Amérika (td. 1991)
  • 1931Mikhail Gorbachev, présidén pamungkas Uni Soviét
  • 1937Abdelaziz Bouteflika, présidén Aljazair ka-5
  • 1942John Irving, novelist Amérika
  • 1942 – Mir-Hossein Mousavi, PM Iran ka-79
  • 1942 – Lou Reed, musisi Amérika (the Velvet Underground) (td. 2013)
  • 1950Karen Carpenter, tukang ngawih Amérika (td. 1983)
  • 1952Zainuddin M.Z., ulama Indonésia (td. 2011)
  • 1962Jon Bon Jovi, musisi Amérika
  • 1968Daniel Craig, aktor Inggris
  • 1972Mauricio Pochettino, pamaén bola Argéntina
  • 1977Chris Martin, musisi Inggris (Cold Play)
  • 1980Rebel Wilson, artis Australia
  • 1982Kevin Kurányi, pamaén bola Jérman
  • 1997Becky G, tukang ngawih Amérika
Remove ads

Nu pupus

  • 274Mani, téolog Parsi (l. 216)

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar

https://en.wikipedia.org/wiki/March_2

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads