8 Juli
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
8 Juli nyaéta poé ka-189 dina sataun (ka-190 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 176 poé.
| |||||||||||||||||||||||||||||||||||
| |||||||||||||||||||||||||||||||||||
Kajadian
- 1497 - Vasco Da Gama ngamimitian palayaran langsung munggaranna ti Lisboa, Portugal ka India.
- 1853 – Komodor Matthew C. Perry balayar maké kapal frigate Susquehanna ka Basisir Tokyo, muka pangaruh jeung perdagangan Barat ka Jepang.
- 1889 - Surat kabar The Wall Street Journal mimiti sumebar.
- 1940 - Grand opening Bandar Udara Kemayoran.
- 1976 - Palapa A1, satelit munggaran Indonésia, diluncurkeun ti Kennedy Space Center.
- 1990 - Panutupan Piala Dunya FIFA 1990 (final), dilaksanakeun di Stadion Olimpiade Roma, Itali. Jerman Kulon minangka juara, gelar juara ka-3 kalina (1954, 1974, jeung 1990), ngéléhkeun Argéntina kalawan skor 1-0.
- 1996 - Panyabutan Surat Bukti Kawarganegaraan Républik Indonésia nu lumaku saprak taun 1978 pikeun WNI katurunan Tionghoa.
- 2009 - Palaksanaan Pamilihan Umum Présidén jeung Wakil Présidén Indonésia 2009.
- 2022 – Manten PM Jepang, Shinzo Abe, ditémbak ku manten marinir, Tetsuya Yamagami, nalika keur pidato di Kota Nara, Jepang. Kebat dibawa ka rumah sakit, Shinzo Abe tuluy tilar dunya.
Remove ads
Nu babar
- 1831 – John Pemberton, ahli kimia jeung obat-obatan Amérika, nu nyiptakeun Coca-Cola (td. 1888)
- 1838 – Ferdinand von Zeppelin, pangusahan Jérman (td. 1917)
- 1839 – John D. Rockefeller, pangusaha Amérika (td. 1937)
- 1951 – Anjelica Huston, artis Amérika
- 1957 – Moeldoko, Panglima TNI ka-18
- 1958 – Kevin Bacon, aktor Amérika
- 1970 – Todd Martin, pamaén ténes Amérika
- 1977 – Christian Abbiati, kiper Italia
- 1980 – Robbie Keane, pamaén bola Irlandia
- 1983 – Adul, tukang bodor Indonésia
- 1991 – Virgil van Dijk, pamaén bola Walanda
- 1998 – Jaden Smith, rapper Amérika
Remove ads
Nu pupus
- 1994 – Kim Il-sung, nu ngadegkeun Koréa Kalér (l. 1912)
- 2010 – Achdiat Karta Mihardja, sastrawan Indonésia (l. 1911)
- 2011 – Betty Ford, ibu nagara AS (l. 1918)
- 2022 – Shinzo Abe, PM Jepang manten (l. 1954)
Poé peré / poé panginget-nginget
Tumbu luar
| Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads