Ageman
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Agama atawa Ageman nyaéta sistem anu ngatur kapercayaan tur paibadahan ka Gusti Nu Mahakawasa sarta kaédah anu patali jeung budaya, tur sawangan dunya anu ngahubungkeun manusa jeung tata kahirupan.[1]
Réa agama anu mibanda mitologi, simbol, jeung sajarah suci anu dimaksudkeun pikeun ngajelaskeun ma'na hirup jeung asal-usul kahirupan atawa jagad raya. Tina kayakinan maranéhna ngeunaan kosmos jeung pasipatan manusa, loba jelema meunangkeun moralitas, étika, hukum agama, atawa kalangenan séwang-séwangan. Miturut sababaraha pakiraan, aya kira-kira 4.200 agama di dunya.[2]
Kecap Agama asalna tina basa Sanskerta, nyaéta tina suku kata "a" anu hartina henteu, jeung "gama" anu hartina kacau. Meureun pihartieunna, agama miboga harti teu kacau, atawa ayana aturan pikeun ngahontal tujuan nu tangtu. Istilah lain anu miboga harti idéntik jeung kecap réligi atawa religere dina basa Latin, anu miboga harti beungkeutan, atawa merhatikeun kasasama.[3]
Remove ads
Jinis ageman
Kategori
Sababaraha ahli ngagolongkeun agama atawa ageman kana dua jinis utama, nyaéta agama universal jeung agama étnis. Agama universal dipikaharti minangka agama anu miboga tujuan pikeun ditarima sacara global sarta aktip milarian pangikut anyar di sakuliah dunya. Sabalikna, agama étnis biasana raket patalina jeung kelompok étnis atawa budaya nu tangtu, sarta henteu boga tujuan pikeun narik jalma luar supaya asup atawa ngalakukeun pertobatan kana agamana.[4] Sanajan kitu, aya ogé sarjana anu nolak pamisahan ieu, lantaran maranéhna nganggap yén sagala prakték agama tanpa ningali asal-usul filosofisna dasarna mangrupa étnis, sabab unggal agama lahir tina kontéks budaya nu tangtu.[5][6][7]
Dina abad ka-19 jeung ka-20, dina widang akademik perbandingan agama, kapercayaan-kaercayaan agama mindeng diklasifikasikeun kana kategori anu sacara filosofis disebut “agama-agama dunya”. Tapi, dina panalungtikan anyar, sababaraha sarjana ngajelaskeun yén henteu sakabéh agama bisa dipisahkeun sacara teges dumasar kana filsafat anu silih éksklusif. Maranéhna ogé nekenkeun yén mangpaatna nganggap hiji prakték minangka agama tinangtu tinimbang ningalina salaku fenomena budaya, pulitik, atawa sosial oga watesan anu cukup jelas.[8][9][10] Sajaba ti éta, studi psikologis ngeunaan sifat religiusitas nunjukkeun yén leuwih merenah lamun agama dipikaharti minangka fenomena anu relatif ajeg (invarian) sarta kudu dibédakeun tina norma-norma budaya séjénna.[11]
Sababaraha akademisi anu nalungtik topik ieu ogé ngabagi agama kana tilu kategori utama, nyaéta:
- Agama-agama dunya, nyaéta istilah pikeun agama anu sipatna transkultural sarta sumebar sacara internasional;
- Agama pribumi, anu ngarujuk kana agama-agama anu leuwih leutik sarta patali raket jeung budaya atawa kelompok étnis atawa nagara nu tangtu;
- Gerakan kaagamaan anyar, nyaéta rupa-rupa agama anyar anu muncul jeung dimekarkeun dina jaman modéren.[12]
Gawé bareng antaragama
Lantaran agama dina pamikiran Kulon masih dipikawanoh minangka dorongan anu sipatna universal, loba praktisi jeung penganut agama anu boga tujuan pikeun ngahiji dina dialog antaragama, gawé bareng, jeung ngawangun karapihan antarumat. Salah sahiji dialog antaragama anu mimiti jeung pangpentingna nyaéta Parlemen Agama-agama Dunya anu dilaksanakeun dina acara Chicago World Fair taun 1893. Nepi ka kiwari, forum ieu masih dianggap penting, boh dina negeskeun ayana “nilai-nilai universal”, boh dina ngakuan rupa-rupa prakték kaagamaan dina budaya anu béda-béda.
Dina abad ka-20, dialog antaragama jadi beuki mangpaat minangka cara pikeun ngungkulan konflik étnis, politik, komo konflik anu dumasar kana agama. Salah sahiji conto anu mindeng disorot nyaéta rekonsiliasi antara Kristen jeung Yahudi, anu ngagambarkeun robahan sikap anu kacida gedéna dina loba komunitas Kristen ka umat Yahudi.
Dina mangsa kiwari, rupa-rupa inisiatif antaragama terus dimekarkeun. Di antarana nyaéta gerakan “A Common Word” anu diluncurkeun taun 2007, anu boga tujuan ngahijikeun pamimpin Muslim jeung Kristen dina dialog jeung gawé bareng. Sajaba ti éta, aya ogé “C1 World Dialogue”, inisiatif “Common Ground” antara Islam jeung Budha, sarta program anu disponsoran ku PBB nyaéta “World Interfaith Harmony Week”, anu museur kana nguatkeun kaharmonisan jeung silih pangarti antaragama di tingkat global.[13]
Remove ads
Rujukan
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads