| Ayat ka |
Tulisan Arab |
Tarjamah basa Sunda |
| 1. |
إِذَا ٱلسَّمَآءُ ٱنشَقَّتۡ |
Nalika langit beulah.
|
| 2. |
وَأَذِنَتۡ لِرَبِّہَا وَحُقَّتۡ |
Lantaran tumut kana timbalan Pangéranna, da kitu kuduna.
|
| 3. |
وَإِذَا ٱلۡأَرۡضُ مُدَّتۡ |
Jeung nalika bumi diratakeun.
|
| 4. |
وَأَلۡقَتۡ مَا فِيہَا وَتَخَلَّتۡ |
Sarta ngabudalkeun saniskara eusina nepi ka kosong.
|
| 5. |
وَأَذِنَتۡ لِرَبِّہَا وَحُقَّتۡ |
Lantaran tumut kana timbalan Pangéranana, da kitu kuduna.
|
| 6. |
يَـٰٓأَيُّهَا ٱلۡإِنسَـٰنُ إِنَّكَ كَادِحٌ إِلَىٰ رَبِّكَ كَدۡحً۬ا فَمُلَـٰقِيهِ |
Yeuh manusa! Saéstuna manéh soson-soson pisan (ngajugjug) ka Pangéran manéh, tangtu manéh baris papanggih jeung Anjeunna.
|
| 7. |
فَأَمَّا مَنۡ أُوتِىَ كِتَـٰبَهُ ۥ بِيَمِينِهِۦ |
Ku kituna sing saha anu dibéré kitabna ti beulah katuhueunana;
|
| 8. |
فَسَوۡفَ يُحَاسَبُ حِسَابً۬ا يَسِيرً۬ا |
nya baris dibalitungkeun ku balitungan nu énténg.
|
| 9. |
وَيَنقَلِبُ إِلَىٰٓ أَهۡلِهِۦ مَسۡرُورً۬ا |
Sarta baris mulang ka ahlina kalawan suka bungah.
|
| 10. |
وَأَمَّا مَنۡ أُوتِىَ كِتَـٰبَهُ ۥ وَرَآءَ ظَهۡرِهِۦ |
Jeung sing saha anu dibéré kitabna ti tukangeun tonggongna.
|
| 11. |
فَسَوۡفَ يَدۡعُواْ ثُبُورً۬ا |
Nya manéhna baris sasambat: “Beu cilaka!”
|
| 12. |
وَيَصۡلَىٰ سَعِيرًا |
Sarta baris digebruskeun kana naraka Sa’ir.
|
| 13. |
إِنَّهُ ۥ كَانَ فِىٓ أَهۡلِهِۦ مَسۡرُورًا |
Sabab baheulana manéhna sukan-sukan jeung ahlina.
|
| 14. |
إِنَّهُ ۥ ظَنَّ أَن لَّن يَحُورَ |
Saéstuna manéhna nyangka yén manéhna moal balik deui (ka Alloh).
|
| 15. |
بَلَىٰٓ إِنَّ رَبَّهُ ۥ كَانَ بِهِۦ بَصِيرً۬ا |
Teu kitu! Malah saéstuna salawasna Pangéranna ningali ka manéhna.
|
| 16. |
فَلَآ أُقۡسِمُ بِٱلشَّفَقِ |
Jeung Kami sumpah demi layung.
|
| 17. |
وَٱلَّيۡلِ وَمَا وَسَقَ |
Jeung peuting katut saniskara anu dikumpulkeun.
|
| 18. |
وَٱلۡقَمَرِ إِذَا ٱتَّسَقَ |
Jeung bulan nalika purnama.
|
| 19. |
لَتَرۡكَبُنَّ طَبَقًا عَن طَبَقٍ۬ |
Saéstuna manéh baris ngaléngkah sahambalan-sahambalan.
|
| 20. |
فَمَا لَهُمۡ لَا يُؤۡمِنُونَ |
Tapi naha maranéhna teu daraék iman?
|
| 21. |
وَإِذَا قُرِئَ عَلَيۡہِمُ ٱلۡقُرۡءَانُ لَا يَسۡجُدُونَ |
Jeung nalika Qur’an dibacakeun ka maranéhna, maranéhna teu daraékeun sujud.
|
| 22. |
بَلِ ٱلَّذِينَ كَفَرُواْ يُكَذِّبُونَ |
Malah jalma-jalma kalupur mah ingkar.
|
| 23. |
وَٱللَّهُ أَعۡلَمُ بِمَا يُوعُونَ |
Padahal Alloh langkung uninga kana saniskara nu ngumpul (dina haténa).
|
| 24. |
فَبَشِّرۡهُم بِعَذَابٍ أَلِيمٍ |
Ku kituna, prak geura bubungah maranéhna téh ku siksaan nu peurih pisan.
|
| 25. |
إِلَّا ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ وَعَمِلُواْ ٱلصَّـٰلِحَـٰتِ لَهُمۡ أَجۡرٌ غَيۡرُ مَمۡنُونِۭ |
Kajaba maranéhna anu ariman turta anu ngalampahkeun amal soléh; pikeun maranéhna mah ganjaran nu taya kendatna.
|