Yakub bin Ishak Al-Kindi

From Wikipedia, the free encyclopedia

Yakub bin Ishak Al-Kindi
Remove ads

Al-Kindi Abu Yusuf, Yakub bin Ishak Al-Kindi (gumelar: 185 H/ 805 M -Pupus: 256 H/ 873 M) katelah Al-Kindi nyaéta inohong Arab muslim nu mitembeyan nyuprih filsafat Islam anjeuna ahli dina widang élmu kalam (téologi Islam),  filsafat, kimia, kadokteran, wirahma/gamelan, psikologi di bangsa kulon kasohorna (Lati: Alkindus) dina mangsa Dinasti Abbasiyah. Anjeuna nu mimiti ngawanohkeun filsafat Yunani tur Helenisme ka bangsa Arab jeung kaum muslim. Ratusan taun saméméh mangsana rénaisancé lumangsung di Éropa.[1][2]

Fakta Singget Al-Kindi, Babar ...
Remove ads

Biografina

Al-Kindi nyaéta Abu Yusuf Ya'qub bin Ishaq bi As-Shobah bin Imron bin Ismail bin Muhammad Al-Atsats bin Qois Al-Kindi. Gumelar di Kufah, ramana Wali di Kufah, di kota ieu nyungsi rupa-rupa élmu. Tuluy pindah ka Baghdad. Kholifah Al-Ma'mun ngangkat anjeuna di Baétul Hikmah (pabukon/perpustakaan kasohor mangsa harita) di dieu narjamahkeun naskah-naskah ilmiah jeung filsafat  Yunani Klasik (kuna). Kitu mangsa Kholifah Al-Mu'tashim jeung Al-Mutawakkil. Anggitana diteraskeun ku Al-Farabi jeung Ibnu Sina.[3]

Al-Kindi gumelar ti kulawarga bangsawan suku Kinda, rundayan ka-5 tina sékésélér suku Kinda anu pituinna ti Yaman.[4] Tayalian Al-Ash'ats bin Qays Ra karuhun bangsa Kinda, ogé inohon ti Hadramaut ieu saurang sahabat Nabi Muhammad anu aub ngariwayatkeun hadits.[4]

Bakatna dina narjamahkeun karya-karya Yunani, dirojong ku lingkungan anu ngarojong ogé.[4] Kota Kufah nalika éta mangrupakeun puseur kaélmuan jeung budaya Islam, di sagedengeun kota Basrah.[4] Kota Kufah doyongna kana ngamekarkeun élmu rasional ('aqliah), sedengkeun Basrah dina widang elmu ilahiah (naqliyah). Tapi lain ngandung hari perhatianna kana agama ngurangan.[4]

Anjeunna mangrupa filsuf Arab sarta dianggap filsuf Muslim munggaran. Sacara étnis, Al-Kindi lahir ti kulawarga urang Arab ti suku Kindah, salah sahiji suku panggedéna di Jazirah Arab Kidul. Salah sahiji kaunggulan Al-Kindi nyaéta pikeun ngajukeun filsafat Yunani ka umat Islam saatos mimiti nga-Islamkeun pamikiran-pamikiran asing. [1][5]

Kulawarga Kindi kagolongkeun kulawarga anu pinunjul diantara katurunan séjéna, pada mikanyaho kabeungharanna, kapinteranna, sarta kabangsawananna.[4] Ramana Ishaq bin Sabbah, kungsi kapeto salaku Gubernur Kufah nalika pamaréntahan Khalifah Harun ar-Rasyid (786-909).[4]

Al-Kindi geus loba nulis karya dina rupa-rupa disiplin ilmiah, ti métafisika, étika, logika jeung psikologi, nepi ka ubar, farmakologi, matématika, astrologi jeung élmu optik, ogé ngawengku topik praktis kayaning parfum, pedang, zoologi, kaca, météorologi jeung lini.[6]>

Di antarana, anjeunna ngahargaan pisan kana matematika. Ieu kusabab matematika, pikeun al-Kindi, mangrupikeun bubuka pikeun saha waé anu hoyong diajar filsafat. Mukadimah ieu kacida pentingna nepi ka teu mungkin pikeun batur pikeun ngahontal kaahlian dina filsafat tanpa mimiti neuleuman matématika. .[1]

Remove ads

Pupus

Al-Kindi wafat taun 259 H/ 873 M

Thumb

Anggitan

  • Ibnu Nadim nyebutkeun sahanteuna 260 buku di rupa-rupa widang kaelmuan, filsafat, logika, géografi,  matematika, falak, kadokteran, kimia, psikologi, etika, jrrd.

Rujukan

Pranala luar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads