| Ayat ka |
Tulisan Arab |
Tarjamah basa Sunda |
| 1. |
وَيۡلٌ۬ لِّلۡمُطَفِّفِينَ |
Kacilakaan pikeun jalma-jalma tukang macikeuh (ngabobodo takeran, timbangan, ukuran jeung sajaba ti éta).
|
| 2. |
ٱلَّذِينَ إِذَا ٱكۡتَالُواْ عَلَى ٱلنَّاسِ يَسۡتَوۡفُونَ |
Anu upama maranéhna narima takeran ti nu séjén hayang cukup.
|
| 3. |
وَإِذَا كَالُوهُمۡ أَو وَّزَنُوهُمۡ يُخۡسِرُونَ |
Tapi upami maranéhna naker atawa nimbang keur batur sok dikurangan.
|
| 4. |
أَلَا يَظُنُّ أُوْلَـٰٓٮِٕكَ أَنَّہُم مَّبۡعُوثُونَ |
Naha maranéhna teu nyangka yén maranéhna baris dihudangkeun.
|
| 5. |
لِيَوۡمٍ عَظِيمٍ۬ |
Pikeun nohonan poé nu gedé.
|
| 6. |
يَوۡمَ يَقُومُ ٱلنَّاسُ لِرَبِّ ٱلۡعَـٰلَمِينَ |
Poé éta manusa bakal diharudangkeun pikeun madep ka Pangéran Nu Murbeng Alam sakabéh.
|
| 7. |
كَلَّآ إِنَّ كِتَـٰبَ ٱلۡفُجَّارِ لَفِى سِجِّينٍ۬ |
Ulah kitu! Sabab saenyana tulisan (amal) jelema-jelema doraka téh dina sijjin.
|
| 8. |
وَمَآ أَدۡرَٮٰكَ مَا سِجِّينٌ۬ |
Jeung naha manéh nyaho naon ari sijjin téh?
|
| 9. |
كِتَـٰبٌ۬ مَّرۡقُومٌ۬ |
(Éta téh) kitab nu geus ditulis.
|
| 10. |
وَيۡلٌ۬ يَوۡمَٮِٕذٍ۬ لِّلۡمُكَذِّبِينَ |
Kacilakaan poé éta pikeun jalma-jalma anu ingkar.
|
| 11. |
ٱلَّذِينَ يُكَذِّبُونَ بِيَوۡمِ ٱلدِّينِ |
(Nyaéta) jalma-jalma anu ingkar kana poé pangbalesan.
|
| 12. |
وَمَا يُكَذِّبُ بِهِۦۤ إِلَّا كُلُّ مُعۡتَدٍ أَثِيمٍ |
Jeung taya anu ingkar kana poé pangbalesa téa, anging saba-saban anu ngaliwatan wates-wangen, tur anu kacida dorakana.
|
| 13. |
إِذَا تُتۡلَىٰ عَلَيۡهِ ءَايَـٰتُنَا قَالَ أَسَـٰطِيرُ ٱلۡأَوَّلِينَ |
Upama dibacakeun ayat-ayat Kami ka manéhna, pokna téh: “Éta mah dongéng-dongéng baheula.”
|
| 14. |
كَلَّاۖ بَلۡۜ رَانَ عَلَىٰ قُلُوبِہِم مَّا كَانُواْ يَكۡسِبُونَ |
Lain kitu! Malah narutupan haténa sakur nu geus diusahakan ku maranéhna téh.
|
| 15. |
كَلَّآ إِنَّہُمۡ عَن رَّبِّہِمۡ يَوۡمَٮِٕذٍ۬ لَّمَحۡجُوبُونَ |
Lain kitu! Saéstuna dina poé éta téh maranéhna kahijab (kahalangan) tina (rahmat) Pangéranna.
|
| 16. |
ثُمَّ إِنَّہُمۡ لَصَالُواْ ٱلۡجَحِيمِ |
Tuluy maranéhna bener-bener baris digebruskeun ka naraka Jahim.
|
| 17. |
ثُمَّ يُقَالُ هَـٰذَا ٱلَّذِى كُنتُم بِهِۦ تُكَذِّبُونَ |
Tuluy baris diwartikeun: “Tah ieu anu kungsi ku maranéh diingkarkeun téh!” .
|
| 18. |
كَلَّآ إِنَّ كِتَـٰبَ ٱلۡأَبۡرَارِ لَفِى عِلِّيِّينَ |
Masing inget! Saenyana tulisan (amal) jalma-jalma nu haradé aya dina illiyiin.
|
| 19. |
وَمَآ أَدۡرَٮٰكَ مَا عِلِّيُّونَ |
Naha manéh nyaho, naon ari illiyyin?.
|
| 20. |
كِتَـٰبٌ۬ مَّرۡقُومٌ۬ |
(Nyaéta) kitab anu ditulis!
|
| 21. |
يَشۡہَدُهُ ٱلۡمُقَرَّبُونَ |
Anu disaksian ku malaikat-malaikat anu kadeuheus.
|
| 22. |
إِنَّ ٱلۡأَبۡرَارَ لَفِى نَعِيمٍ |
Saéstuna jalma-jalma anu balageur mah aya dina kanikmatan.
|
| 23. |
عَلَى ٱلۡأَرَآٮِٕكِ يَنظُرُونَ |
Dina kartil-kartil maranéhna naringali.
|
| 24. |
تَعۡرِفُ فِى وُجُوهِهِمۡ نَضۡرَةَ ٱلنَّعِيمِ |
Katara dina beungeut maranéhna cahaya kanikmatan.
|
| 25. |
يُسۡقَوۡنَ مِن رَّحِيقٍ۬ مَّخۡتُومٍ |
Maranéhna dipaparin inumeun pinilih anu ditutupan.
|
| 26. |
خِتَـٰمُهُ ۥ مِسۡكٌ۬ۚ وَفِى ذَٲلِكَ فَلۡيَتَنَافَسِ ٱلۡمُتَنَـٰفِسُونَ |
Tutupna ku kastori; tah kana kitu téh kudu paheula-heula bareng jeung sakumna nu paheula-heula.
|
| 27. |
وَمِزَاجُهُ ۥ مِن تَسۡنِيمٍ |
Jeung campuranana tina cai tasnim (pinilih).
|
| 28. |
عَيۡنً۬ا يَشۡرَبُ بِہَا ٱلۡمُقَرَّبُونَ |
Nyaéta sumber cai pikeun ngarinumna jalma-jalma nu kadeuheus (ku Alloh).
|
| 29. |
إِنَّ ٱلَّذِينَ أَجۡرَمُواْ كَانُواْ مِنَ ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ يَضۡحَكُونَ |
Saéstuna jalma-jalma doraka téh baheulana sok nyaleungseurikeun jalma-jalma nu ariman.
|
| 30. |
وَإِذَا مَرُّواْ بِہِمۡ يَتَغَامَزُونَ |
Jeung upama seug maranéhna ngaliwat ka hareupeun jalma-jalma nu ariman, maranéhna sok silihkiceupan.
|
| 31. |
وَإِذَا ٱنقَلَبُوٓاْ إِلَىٰٓ أَهۡلِهِمُ ٱنقَلَبُواْ فَكِهِينَ |
Jeung upama maranéhna baralik ka ahlina, baralikna téh sok sarusurakan.
|
| 32. |
وَإِذَا رَأَوۡهُمۡ قَالُوٓاْ إِنَّ هَـٰٓؤُلَآءِ لَضَآلُّونَ |
Jeung upama maranéhna nénjo ka kaum mu’minin, pok maranéhna nyarita: “Saéstuna éta téh jalma-jalma nu salasar.”.
|
| 33. |
وَمَآ أُرۡسِلُواْ عَلَيۡہِمۡ حَـٰفِظِينَ |
Padahal maranéhna téh teu diutus pikeun jadi pangraksa maranéhna.
|
| 34. |
فَٱلۡيَوۡمَ ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ مِنَ ٱلۡكُفَّارِ يَضۡحَكُونَ |
Nya dina poé ieu jalma-jalma nu ariman nyaleungseurikeun jalma-jalma kupur.
|
| 35. |
عَلَى ٱلۡأَرَآٮِٕكِ يَنظُرُونَ |
Tina kartil-kartil maranéhna narénjokeun.
|
| 36. |
هَلۡ ثُوِّبَ ٱلۡكُفَّارُ مَا كَانُواْ يَفۡعَلُونَ |
Naha geus dibales jalma-jalma kafir téh tina saniskara nu dilampahkeunana?
|