Surah Ali Imran

From Wikipedia, the free encyclopedia

Remove ads

Surat Aali 'Imron (Basa Arab: سورة آل عمرانtranslit. Basa Arab: سورة آل عمران, Āl 'Imrān hartina "Kulawarga Imran") geus 3 dina al qur ' an. Ieu surat diwangun ku 200 ayat kaasup Madaniyah (turun di Madinah). Disebut Ali'Imron sabab éta ngandung carita kulawarga Imron dina carita éta disebutkeun kalahiran Nabi Isa, jeung ogé disebut kalahiran Maryam bint Imron. Surat Al-Baqarah jeung Surat Ali 'Imron katelah Az-Zahrowan (Dua nu ngagurilap)

Informasi leuwih jero Ali Imron, Informasi ...
Remove ads

Ngaran Surat

Ieu surat dingaranan Surat Aali 'Imran (سورة آل عمران) (alif mamdudah-diaos panjang, sanes 'ain) nyaéta isim syakhos (kecap ngaran) nu hartina Surat nu patali Kulawarga 'Imron.[3] Surat ieu sering lepat nyebutna janten Surat Al-'Imron/ Suratul 'Imron hartina Surat nu patali jeung 'Imron. Pami ieu mah disebatna téh al (alif lam ma'rifat).

Dupi kecap Aal (آل) nurutkeun Alfairuzabadi, aya 3 makna: (1) Al-qaum wattaba' (hiji kaum jeung turunana) (QS 3:11), (2) Ahlul bait wal hadirin (kulawarga), (3) al-Qarabah wadzurriyyah (karabat sabondoroyot).[4]

Remove ads

Poko Eusina

Kaimanan

  • Dalil-dalil nu ngabantah urang Nasroni nu ngajadikeun Nabi Isa as pangéran.
  • Tauhid minangka dasar risalah para nabi jeung rosul as.

Hukum-hukum

  • Musyawaroh
  • mubahalah
  • larangan riba

Kisah-kisah

  • Kulawarga Imron
  • perang Badar jeung perang Uhud tur palajaran tina éta kajadian.

Lain-lain

  • Golongan manusa tumali ayat mutasyabihat
  • Sifat-sifat Alloh, sifat-sifat jalma nu takwa;
  • Islam hiji-hijina agama nu dipikaridho Alloh.
  • Madhorot ngangkat batur nu kapercaya jalma kafir
  • Alloh ménta janji ka para nabi as.
  • pengéling-ngeling pikeun ahli kitab
  • Ka'bah tempat ibadah nu munggaran tur buktina
  • Faédah dzikir jeung tafakkur [5]
Remove ads

Kautamaan ieu Surat


عَنْ أبي أُمَامَةَ الْبَاهِلِيُّ رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُ قَالَ: سَمِعْتُ رَسُولَ اللَّهِ صَلّى اللهُ عَلَيْهِ وسَلَّم يَقُولُ : اقْرَءُوا الْقُرْآنَ فَإِنَّهُ يَأْتِي يَوْمَ الْقِيَامَةِ شَفِيعًا لِأَصْحَابِهِ. اقْرَءُوا الزَّهْرَاوَيْنِ: الْبَقَرَةَ وَسُورَةَ آلِ عِمْرَانَ فَإِنَّهُمَا تَأْتِيَانِ يَوْمَ الْقِيَامَةِ كَأَنَّهُمَا غَمَامَتَانِ، أَوْ كَأَنَّهُمَا غَيَايَتَانِ، أَوْ كَأَنَّهُمَا فِرْقَانِ مِنْ طَيْرٍ صَوَافَّ تُحَـاجَّـانِ عَنْ أَصْحَابِهِمَا. اقْرَءُوا سُـورَةَ الْبَقـرَةِ فَإِنَّ أَخْذَهَا بَرَكَةٌ وَتَرْكَهَا حَسْرَةٌ وَلَا تَسْتَطِيعُهَا الْبَطَلَةُ.

(Hartina) Abu Umamah al-Bahili ra nyarios: Rasululloh saw ngadawuh: Baca al-Qur’an karana inyana bakal méré syafaat ka para “sohabatna”. Baca “Dua kembang”: surat al-Baqoroh dan surat Aali Imron, dina poé kiamat baringsupagi duanana bakal datang lir ibarat dua gulungan méga, atawa lir ibarat dua bayang-bayang, atawa saperti dua rombongan manuk-manuk nu baris nu ngabéla para “sohabatna”. Baca surat al-Baqoroh karana mun urang nyekel (maca/ngafal) mangrupa kaberkahan jeung ninggalkeunana karugian. Ieu perkara teu mungkin dipigawé ku jalma nu batil (jahat/ goréng lakuna)..[6]

Ayat jeung Tarjamah


الۤمۤ

(1) Alif laammiim.


ٱللَّهُ لاۤ إِلَـٰهَ إِلاَّ هُوَ ٱلْحَيُّ ٱلْقَيُّومُ

(2) Alloh, teu aya pangéran iwal ti Alloh Nu Maha Hirup Nu Maha jumeneng ku-dzat-Na.


نَزَّلَ عَلَيْكَ ٱلْكِتَٰبَ بِٱلْحَقِّ مُصَدِّقاً لِّمَا بَيْنَ يَدَيْهِ وَأَنزَلَ ٱلتَّوْرَاةَ وَٱلإِنْجِيلَ

(3) Alloh nu nurunkeun ka anjeun (Muhammad) Al-Kitab kalayan bener nu ngalempengkeun nu aya di hareup, nu nurunkeun Torét jeung Injil.


مِن قَبْلُ هُدًى لِّلنَّاسِ وَأَنزَلَ ٱلْفُرْقَانَ إِنَّ ٱلَّذِينَ كَفَرُواْ بِآيَاتِ ٱللَّهِ لَهُمْ عَذَابٌ شَدِيدٌ وَٱللَّهُ عَزِيزٌ ذُو ٱنْتِقَامٍ

(4) Saméméh (anjeun) jadi pituduh pikeun manusa tur nu nurunkeun furqon (nu ngabédakeun nu hak jeung batil). Saéstuna jalma nu ingkar kana ayat-ayat Alloh, pikeun maranéhna siksa nu kacida peurihna. Jeung Alloh Nu Maha Gagah bari Maha Ngabales.

Remove ads

Rujukan

Tumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads