Surah As-Shaff
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Surat As-Shoff (Arab: الصف,"barisan") nyaéta surat ka-61 dina Al-Qur'an. Surat ieu kaasup surat Madaniyah tur kawengku 14 ayat. Dingaranan As-Shoff saluyu nu kaunggel dina ayat ka-4.
Remove ads
Poko-poko eusina
- Sakur nu di alam raya pada tasbéh
- Pépéling pikeun nu ariman kudu saihwan ucap jeung lampah
- Bajuang di jalan Alloh dina hiji soff/ barisan
- Laku lampah Bani Isroil nu cidra ka Nabi Musa jeung Nabi Isa as.
- Agama Islam pinasti unggul ti antara agama nu lian
- Surga Adn pikeun jalma nu iman jeung jihad di jalan Alloh ku harta jeung dirina
- Hawariyyun (murid-murid Nabi Isa as).
Ayat jeung Terjemah
سَبَّحَ لِلَّهِ مَا فِي ٱلسَّمَٰوَٰتِ وَمَا فِي ٱلأَرْضِ وَهُوَ ٱلْعَزِيزُ ٱلْحَكِيمُ
(1) Maca tasbéh sakabéh nu aya di langit jeung bumi. jeung Mantena Nu Maha Rosa tur Maha Wijaksana.
يٰأَيُّهَا ٱلَّذِينَ آمَنُواْ لِمَ تَقُولُونَ مَا لاَ تَفْعَلُونَ
(2) Hé jalma nu ariman, naha aranjeun ngucapkeun nu teu dipilampah ku aranjeun?.
كَبُرَ مَقْتاً عِندَ ٱللَّهِ أَن تَقُولُواْ مَا لاَ تَفْعَلُونَ
(3) Gedé kacida ceuceubna mungguh Alloh, ngomongkeun nu teu dipilampah.
إِنَّ ٱللَّهَ يُحِبُّ ٱلَّذِينَ يُقَاتِلُونَ فِي سَبِيلِهِ صَفّاً كَأَنَّهُم بُنْيَانٌ مَّرْصُوصٌ
(4) Saéstuna Alloh cinta ka jalma-jalma nu bajuang di jalan-Na (Alloh) dina hiji barisan lir ibarat hiji wangunan anu weweg Al-aayah Jstrsna....
Remove ads
Tadabbur jeung Tadzakkur
Ieu surat dimimitian ku tasbéh janten hiji totonden nu bakal dibéwarakeun ku Alloh mangrupa pépéling luar biasa.
- Di antawisna panggero nu ka-1, umat nu ariman pikeun bajuang dina hiji barisan anu weweg tohaga, ucap jeung lampah kudu saihwan. Jadikeun kisoh Bani Isroil ka Nabi Musa as jeung Nabi Isa as, ulah diconto. Maranéhna bakal terus ngahihileudan umat Islam tapi pinasti Gusti Alloh nulungan nu ariman sanajan maranéhna teu resep. Bebeneran pasti unggul.
- Disusul panggero ka-2, nu ariman jeung bajuang (jihad) di jalan Alloh, tinangtu Gusti Alloh méré pangampura, sawarga, imah di surga Adn tur pitulung jeung deukeutna waktu unggulna nu ariman.
- Panggero nu ka-3, nu ariman digero pikeun nulung agama Alloh lir ibarat Nabi Isa as cumeluk ka Hawariyyun: "Saha nu daék nulung ngabantu kuring?" Hawariyyun ngajawab: "Abdi sadaya sayagi ngabantu salira". Alloh SWT pinasti nulungan nu ariman tepi ka meunang.
Rujukan
Tumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads