Babasan

From Wikipedia, the free encyclopedia

Remove ads

Babasan nyaéta kantétan kecap anu ngandung harti injeuman.[1] Ieu geus kamaphum ku sararéa, minangka kecap anu mibanda harti anu henteu sawajarna/sabenerna. [2][3] [1]

Contona

Babasan téh hiji kecap anu geus matuh tur geus puguh aturan pamakéan sarta maksudna.[4] Babasan lolobana ngagambarkeun pasipatan jalma;

  • Amis Budi = Hadé budi, teu weléh seuri ka batur, (Baik budi atau selalu berperilaku baik, murah senyum).
  • Amis Daging = Babari kakeunaan ku panyakit kulit, contona borok . (Mudah terkena penyakit kulit seperti terkena borok atau bisul.
  • Atah Anjang = Langka nganjang ka batur atawa ka tempat-tempat lianna.(Jarang main kerumah orang atau ketempat-tempat lainnya, jarang berwisata, sukanya diem aja dirumah).
  • Ayeum Tengtrem = Senang ati, teu boga kasieun atawa kahariwang. (Perasaan yang tenang, tidak ada rasa khawatir sama sekali, damai).
  • Babalik Pikir = Sadar tina kasalahan, (menyadari kesalahan).
  • Béak Déngkak = Geus rarupa ikhtiar tapi teu hasil. (Sudah berusaha semaksimal mungkin tapi masih belum berhasil, sabar ya).
  • Béngkok Tikoro = Teu kabagéan dahareun lantaran telat datang, (Gak kebagian makanan karena datangnya telat, kasian sekali).
  • Beurat Birit = Kedul, hésé dititah, (Pemalas, kalau disuruh gak mau, pokoknya nyebelin).
  • Bodo Aléwoh = Bodo tapi daék na tanya, (Bodoh, banyak gak tahu tapi dia gak segan bertanya).
  • BuntutKasiran = Pedit, koret, hésé mere ka batur, (pelit banget lah nih orang, gak mau ngasih sedikitpun).
  • Cueut Ka Hareup = Jelema nu geus kolot, (manusia yang sudah tua).
  • Dogdog Pangréwong = Saukur omong tambahan. (Ngagosip, suka nambah-nambahin cerita, tukang gosip).
  • Elmu Ajug = Mapatahan batur bari sorangan teu bener, (Suka ngasih tahu orang lain, memberikan saran, suka bilangin orang lain tapi dirinya aka gak bener).
  • Epés Méér = Babari ceurik, babari peunggas harepan, (mudah nangis, di marahin dikit nangis, digertak dikit takut).
  • Gantung Déngé = teu anggeus anu didéngékeun, (gak selesai apa yang didengarkan, jadi baru setengahnya aja).
  • Gantung Teureuyeun = henteu cacap barang dahar, lantaran dahareunna kurang. (kurang kenyang kali, kagok karena makanannya sedikit)
  • Gedé Hulu = Sombong, Adigung. (Sombong banget dah)
  • Getas Harupateun = Babari nuduh atawa ngahukum. (mudah menuduh dan menghukum orang lain)
  • Gurat Batu = Mawa karep sorangan.(gak mau diarahkan, gak mau diurus, gimana maunya sendiri saja)
  • Hampang Birit = Babari dititah, henteu kedul.(gampang disuruh, baik banget lah)
  • Hampang leungeun = Babari neunggeul.(gampang mukul orang lain, jahat ya)
  • Handap Lanyap = Omong na hade padahal maksud na ngahina.(bicaranya sih halus, bagus, tapi sebenarnya menghina)
  • Harewos Bojong = Ngaharewos tapi kadenge ku batur.(Bisik bisik tapi kedengeran sama orang lain, sengaja ya nyindir)
  • Haripeut ku teuteureunyeun = Babari kapincut ku pangabita.(mudah tergoda dengan yang menggoda goda).
  • Hawara Biwir = Bebeja ka batur samemeh dipigawe.(Sukanya ngasih tahu orang lain sebelum dikerjakan, apa saja)
  • Héjo Tihang = resep pipindahan.(suka banget pindah pindah ya, nomaden).
  • Heuras Genggerong = omong na kasar.(Gaya bicara kasar)
  • Heureut Pakeun = Saeutik Pangaboga.(Sedikit yang dia miliki, kismin kali ya).
  • Indit Sirib = Indit sakulawarga.(pergi semua keluarga)
  • Kawas Gaang Katincak = jempé, teu ngomong.(Diem aja gak ngomong sama sekali)
  • Kawas beueuk beunang mabuk = jempé/ ngeheruk teu ngomong. (Sama diem aja gak ngomong)
  • Kawas Anjing tutung buntut = Teu daék cicing.(Tidak suka diem, pengennya gerak aja)
  • Kembang Buruan = Budak keur meujeuhna resep ulin di buruan.(anak yang lagi seneng main dihalaman rumah)
  • Kokolot Begog = Niron-niron omongan atawa kalakuan kolot.(Meniru apa yang dikatakan orang tua termasuk kelakukan, sok udah tua kali ya)
  • Kurung Batok = Tara liar ti imah, tepi ka teu nyaho nanaon.(Jarang keluar rumah sampe gak tau apa-apa)
  • Laér Gado = Resep barang penta.(Sukanya minta aja nih orang)
  • Lésang Kuras = Geus teu boga nanaon.(Udah gak punya apa-apa, trus apa dong?)
  • Leuleus Awak = Resep barang gawe.(Suka mengerjakan apapun, yang penting baik dan halal)
  • Leumpeuh Yuni = Teu kuat nenjo nu pikasieuneun/ pikareuwaseun.(Gak kuat lihat yang lucu-lucu, pengennya ketawa terus dikit-dikit ketawa).
  • Leutik Burih = Kurang kawani, sieunan, borangan. (Gak punya nyali, penakut)
  • Lungguh Tutut = Katenjona lungguh/ cicingeun padahal saenyana henteu.(Kelihatannya sih pendiem, baik, padahal aslinya enggak)
  • Miyuni Kembang = Loba nu mikaresep.(Banyak yang suka, kayak akuh)
  • Murag Bulu Bitis = Resep indit-inditan.(Suka keluar, suka jalan-jalan)
  • Ngabuntut Bangkong = Teu puguh tungtungna, teu tep ka rengse.(Tidak ada ujungnya)
  • Ngégél Curuk = Teu menang hasil.(tidak mendapatkan hasil)
  • Ngéplék Jawér = Teu boga kawani, sieunan, éléhan.'(Penakut, tidak punya nyali)
  • Ngijing Sila = Henteu satia.(tidak setia)
  • Nyoo Gado = Ngunghak, ngalunjak.(Ngelunjak nih orang)
  • Panjang Lengkah = Loba pangalaman.(Banyak pengalamannya)
  • Pindah Pileumpangan = Robah kalakuan.(berubah sifat dan kelakukan)
  • Saur Manuk = Ngomong rampak/ bareng.(bicara bersama)
  • Tuturut Munding = Nurutan batur bari teu nyaho maksudna.(Niru-niru atau ngikut-ngikut orang tapi gak tau maksudnya apa)
  • Era Paradah = Era ku kalakuan batur.(Malu sama kelakukan orang lain, orang lain yang berbuat kamu jadi kebawa malunya)
  • Geulis Gunung = Katingali ti jauh alus tapi geus dekeut goréng.(Kelihatan dari jauh cakep tapi pas deket eh jelek)[5]


Remove ads

Rujukan


Tempo ogé

Dicutat tina

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads