Basa Ukraina
basa Slavia Wétan From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Basa Ukraina (українська мова ukrayins'ka mova) nyaéta salah sahiji basa dina rumpun basa Slavia Wétan anu nyambung keneh kana basa Rusia. Aya kirang leuwih 51 juta jalma anu maké ieu basa boh dina Ukraina sorangan atanapi dina negara anu sejen, di antarana Argéntina, Arménia, Azerbaijan, Bélarus, Brasil, Kanada, Éstonia, Géorgia, Hungaria, Kazakstan, Kirgistan, Latvia, Lituania, Moldova, Paraguay, Polandia, Romania, Rusia, jeung Slovakia.
Basa Ukraina dina kaperluan tulisan maké alpabet Ukraina, anu mangrupakeun wangun husus tina aksara Sirilik. Ieu basa dibakukeun jeung dikaji ku Akademi Élmu Pangaweruh Nasional Ukraina sarta Institut Linguistik Potebnia. Sanajan sok dibandingkeun jeung basa Rusia sakumaha sarumpun dina Slavia Wétan, basa Ukraina sabenerna boga tingkat kasaruaan kosakata nu leuwih gede jeung basa Bélarus, sarta nunjukkeun leksikal anu padeukeut jeung basa Polandia tina rumpun Slavia Kulon jeung basa Bulgaria tina rumpun Slavia Kidul.
Remove ads
Sajarah
Basa Ukraina asalna ti basa Slavia Wétan Kuna anu dipaké di nagara abad pertengahan Kievan Rus'. Dina nalika éta nagara bagéan keneh tina Keharyapatihan Lituania, ieu basa ngembang jadi basa Rutenia, anu salajeungna diakui jadi basa resmi.[1] Tapi, saenggeus éta wewengkon jadi Persemakmuran Polandia–Lituania, mulai asup pangaruh basa jeung budaya Polandia. Asup abad ka-18, basa Rutenia dipecah jadi sababaraha wewengkon, jeung mulai tidinya basa Ukraina modern bijil dina wewengkon anu ayeuna jadi nagara Ukraina.[2][3][4] Salila waktu Kakaisaran Rusia, usaha russifikasi nyebabkeun basa Ukraina dilarang diajarkeun di sakolah jeung ulaheun dipaké minangka basa pangantar. ieu kawijakan nerus ku cara anu beda-beda dina waktos Uni Soviét.[5] Sanajan kitu, basa Ukraina tetap dipaké sacara luas di sababaraha wewengkon, utamana di Ukraina beulah kulon.[6][7]
Remove ads
Rujukan
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads